wilujeng Kang Sas mugia tambih rame nu ngiring maca nu antukna basa sunda jadi basa kareueus urang sunda. ----- Original Message ----- From: "MSasmita" <[EMAIL PROTECTED]> To: <[email protected]> Sent: Wednesday, February 23, 2005 1:09 AM Subject: [Urang Sunda] Sataun Rumah Baca Buku Sunda
> > Bulan Pebruari taun 2004 ngawanikeun maneh nyieun plang hareupeun imah nu > unina "Rumah Baca Buku Sunda Jeung Sajabana", mimitina ngarasa diimah teh > aya buku buku basa Sunda sok sanajan teu pati loba, asa lebar lamun ngan > saukur dibaca ku kulawarga wungkul, nya antukna ngawanikeun maneh tea, > ngawawarkeun ka balarea yen diimah teh aya buku-buku Sunda, lamun tea mah > aya nu niat maca yap urang babarengan. > Ngahaja tulisan dina plang teh Rumah Baca lain ditulis Taman Bacaan > lantaran ceuk kuring mah antara Rumah Baca jeung Taman Bacaan rada beda > konsep, ari Rumah Baca mah teu kudu mayar jeung bukuna teu bisa diinjeum, > sabalikna jeung Taman Bacaan bukuna bisa diinjeum jeung kudu mayar (ieu > pikiran teh meureun kapangaruhan ku jaman beh ditu, pedah kuring sok > nginjeum buku ti Taman Bacaan nu kudu mayar tea). > Niat awal saperti kitu, dina emprona geuning jadi beda, nu datang rek sina > maca didinya teh karasa hese, da niatna nu datang teh rek nginjeum jeung > kuring teu bisa ngoretkeun, ngan kuring sakapeung jadi hamham....balik deui > moal buku teh...! > Ayeuna bulan Pebruari 2005, Alhamdulillah rumah baca teh umurna geus > jangkep sataun. > Kahamham sok sieun buku beuki ngurangan alatan nu nginjeum teu malikeun > deui Alhamdulillah teu kabuktian, malah sabalikna buku beuki nambahan > kusabab aya nu haat mere buku basa Sunda keur ngeuyeuban nu geus aya. > Nitenan jero sataun saha jeung kumaha profil anu nginjeum buku basa Sunda, > garis badagna mah teu pati nyugemakeun. > 1. Kuantitas nu datang teu pati loba, dina saminggu kalan-kalan aya nu > nginjeum kalan kalan euweuh. > 2. Nu ngahaja datang rek maca/ nginjeum kalolobaanana nu geus kolot, lamun > kaparengkeun ngobrol eusina ngan sakadar panineungan hayang maca deui buku > nu kungsi digugulung jaman keur budak, boh ti generasi Rusdi Jeung Misnem, > generasi Gandasari, boh generasi Taman Pamekar. > 3. Barudak anu datang lolobana antara SD jeung SMP lantaran aya tugas ti > guru sakolana, datangna lain niat rek maca kahayang sorangan anu memang > katarik ku bacaan basa Sunda, malah aya nu datang teh mamawa PR (Pekerjaan > Rumah), harita keneh hayang dibantuan ngeusianana. > > Promosi/ wawar ayana Rumah Baca Buku Sunda geus dilakonan, diantarana geus > dua taun noron unggal kariaan 17 Agustus sok diayakeun lomba maca Carpon/ > dongeng basa Sunda di jalan hareupeun imah, nu bisa ngiluan eta lomba teh > umum, bisa dewasa, budak, awewe, lalaki ti lingkungan RW satempat. > Atuh wawar di ieu milis ge geus mindeng, kitu deui kungsi nulis dina "surat > pembaca" dina salah sahiji harian/koran Bandung, jeung dina Majalah Cupumanik. > Kitu deui ka barudak Karang Taruna di RW lembur kuring. > > Tanggal 21 Peb 2005 ku Gubernur Jawa Barat geus di mimitian ayana "Hari > Bahasa Ibu" nya meureun keur Tatar Sunda tangtuna ge nu disebut basa indung > teh basa Sunda, atuh kitu deui di Dinas Kebudayaan/ Pariwisata Jabar geus > dilakona supaya unggal poe Jumaah ngagunakeun basa Sunda keur panganteur > boh keur gawe, rapat jeung gunem catur poe eta. > Kitu deui di Kabupaten Cianjur asana unggal poe Rebo di sakuliah Kabupaten > Cianjur kudu make basa Sunda. > Ieu tarekah (lamun tea mah pantes disebut tarekah) pikeun ngahudangkeun > deui kamaheran basa Sunda keur urang Sunda sapopoena, sugan we bakal aya > hasilna, sok sanajan teu bisa ngan ukur kitu, kudu aya deui lajuninglaku > sejena anu leuwih daria. > > Basa Sunda keur kuring nya basa indung basa nu pang mimitina dipikanyaho, > nu pang mimitina kuring bisa komunikasi jeung nu sejen, ti mimiti kecap > emam, eueut...ema..apa...basa kuring keur orok/ lelengkah halu keneh, nya > basa Sunda pisan nu karasa nyerep kana hate waktos Ema/ Apa (indung/ bapa) > nuju sasauran, nya basa Sunda pisan waktos Ema/Apa nyeukseukan. > Nya Basa Sunda pisan ciri anu pang nyatana ayana bangsa Sunda. > Buku basa Sunda pisan anu pangmimitina dipikawanoh basa kuring waktu diajar > maca. > > Mindeng kapireng boh dina acara di televisi boh dina radio, lamun geus > guntreng bab sastra Sunda lumpatna sok kana buku basa Sunda, mindeng aya > nu nelepon ngiluan dina eta padungdengan, nembrakeun pamanggihna yen > neangan buku Sunda teh hese, malah aya nu kungsi nanya naha sok terbit > keneh buku basa Sunda teh. > Atuh di ieu lembur di Kusnet sok aya nu nanyakeun kamana neangan buku Sunda. > Ana kitu meureun nu resep maca buku Sunda aya keneh. > > Tapi naha geuning asa patojaiah jeung nu datang rek maca/nginjeum buku basa > Sunda nu ceuk kuring mah kaasup saeutik, teuing pedah tempat/imah kuring > haraharaeun sugan. > > Kahayang mah buku basa Sunda teh aya diunggal tempat, boh nu disebut kios > buku, rumah baca, taman bacaan atawa nu sejena, carana mah unggal jalma > bangsa sunda nu boga buku basa Sunda (teu kudu loba) heug muka lawangna > dijadikeun rumah baca buku Sunda, komo para inohong mah, nu tangtu buku > basa Sunda-na loba, tong sieun buku leungit, tong sieun buku jadi ruksak, > der we bumi teh dijantenkeun rumah baca buku Sunda. > > Sugan we ku kitu sasieureun sabeunyeureun bisa ngerem basa Sunda tina > kamusnahanana ( saur Pa Ajip Rosidi basa Sunda geus kaasup antrian dina > 3000 basa nu bakal musnah) > > Cag > MSasmita > > > > > > > > > > > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id > > Yahoo! Groups Links > > > > > > > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Give underprivileged students the materials they need to learn. Bring education to life by funding a specific classroom project. http://us.click.yahoo.com/4F6XtA/_WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

