Assalamualaikum Wr Wb Kang Ganjar...hanpunten sim kuring kumawantun ngintun ieu ieu email via japri, teu aya sanes iwal ti hoyong kenging eta power point ngeunaan pasualan Ki Sunda, kanggo bacaeun sim kuring da pamohalan ari sim kuring bakal tiasa ngungkulan kana eta pasualan mah, sahenteuna upami tos terang mah tiasa ngungkulan kanggo sadirieun atuh. Buku kenging Kang Ganjar sareng Pa Arthur S Nalan nyaeta Deskripsi Kesenian Jawa Barat kalintang saena (boh citakanana boh eusina) sareng ageung mangfaatna, eta we nu aya di sim kuring ge seueur nu nambut ( sim kuring muka Rumah Baca Buku Sunda), komo barudak mah nu katingalna kenging tugas ti sakolana kedah ngadeskripsikeun kesenian Jawa Barat, diasongan buku eta teh mani dirarontok. Mung geuning teu aya anu disebat Beluk mah. Sakitu we heula wartos ti sim kuring, kintunanana diantos pisan. Hatur nuhun
MSasmita >> >> Ass.Wr.WB. >> >> Etang-etang dogdog pangr�wong/lauk buruk milu mijah kana acara Kopdar US >di Jakarta, pribados ngadamel power point ngeunaan pasualan Ki Sunda sarta >strategi praktis dina ngungkulanana. Kumargi dina rohangan ieu mah teu kaci >aya kakait (?), ka sing saha anu peryogi tiasa ngangge jalur pribadi wae. >Nuhun. > > > > http://www.Urang-Sunda.or.id > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Give the gift of life to a sick child. Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.' http://us.click.yahoo.com/lGEjbB/6WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

