Bismihi ta'ala
Allahumma shali 'ala Muhammad wa ali Muhammad,

Hatur punten rehna seja kumawantun ngiring jabung tumalapung ngeunaan ieu
hal.
Ngeunaan pupusna Abu Thalib, sabagian ageung kaum muslimin ngagaduhan
pamendak yen anjeuna pupus dina kaayaan kafir atanapi musyrik. Pamendak ieu
dumasar kana hiji hadi snu tangtos bae dianggap saheh. Kieu unina eta hadis.
"Nalika mayunan ajalna Abu Thalib, Nabi saw miwarang Abu Thalib supados
anjeuna ngucapkeun la ilaha illah. Sedengkeun Abu Jahal sareng Abdullah bin
Umayyah miharep supados Abu Thalib tetep renggenek dina kayakinan karuhun
Abdul Muthalib. Nalika Abu Thalib ngaluepaskeun nyawana bari henteu sakemek
oge ngucapkeun sahadat, mangka anjeuna pupus dina kaayan kafir. Banget
kangjeng Nabi ngaraos sedih, nya anjeuna nyuhunkeun pangapunten ka Gusti
Allah kanggo Abu Thalib. Nanging Gusti Allah henteu maparin pangampura,
malih lumungsur QS Al-Taubah ayat 113 nu ngalarang sakumna kaum muslimin
ngaduakeun jalma kafir. Allah oge ngalungsurkeun QS al-Qashshas 56 nu unina
: Innaka la tahdi man ahbabta, saestuna maneh moal bisa mere pituduh ka
jalma nu ku maneh dipikacinta". (Sahih Bukhari sareng Sahih Muslim).

Ieu hadis diriwayatkeun ku Abu Hurarirah. Kajantenan pupusna Abu Thalib
lumangsung sababaraha taun sateuacan hijrah, sedengkeun Abu Hurairah lebet
Islam dina taun ka tujuh Hijriah. Sateu acana papendak sareng kangjeng Nabi
di Madinah, Abu Hurairah hirup di daerah Dausy (Syam ?). Numutkeun para ahli
sajarah, Abu Hurairah teu kantos ka Mekah, kajabi sabada futuh Mekkah. QS
At-Taubah 113 lumungsur dina periode ahir kanabian di Madinah, pon kitu deui
surat al-Qashshas ayat 56 lumungsur nalika perang Uhud.

Nguenaan naha Abu Thalib kalebet kafir atanapi jalmi mu'min saleresna tiasa
dipilari waleranana dina al-Qur'an, nyaeta surat al-Mujadalah ayat anu
pamungkas. Kieu unina kirang langkung :

"Maneh moal manggihan hiji kaum nu ariman ka Allah jeung kana poe ahir tea
nembongkeun kacinta ka jalma-jalma nu wangkelang ka Allah katut ka Rasul-Na,
sanajan manehna teh kolot-kolotna, atawa anak incuna, atawa dulur-dulurna
boh kulawargana. Maranehna teh ku Anjeunna dipelakan iman diana
hatena.....".

Ku para ahli sejarah dicatet kumaha silih pikacintana antawis Abu Thalib
sareng Kanjeng Nabi, padahal saur Allah jalma nu ariman moal nembongkeun
rasa cinta ka jalma-jalma nu wangkelang (kafir).

Dumasar kana eta hal, sim kuring ngagadihan kacindekan yen saleresna Abu
Thalib teh jalmi mu'min.

Hapunten anu kasuhun,
tansah,
zam


----- Original Message ----- 
From: "Sumarna, Nana" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[email protected]>
Sent: Friday, February 25, 2005 9:30 AM
Subject: RE: [Urang Sunda] nyuhun pencerahan musyrikna Abu Thalib.


>
> kang dani, pami bade hoyong uninga islam atanapi henteu na abu thalib
saena mangga dipaluruh tina riwayat hadits-hadits anu shoheh, soalna pami
teu dumasar kana hadits shoheh palaurna campur baur sareng pamendak sanes
fakta..
>
> nana
>
> -----Original Message-----
> From: amin mina [mailto:[EMAIL PROTECTED]
> Sent: Friday, February 25, 2005 9:45 AM
> To: [email protected]
> Subject: Re: [Urang Sunda] nyuhun pencerahan musyrikna Abu Thalib.
>
>
>
>
> kang dani ibrahim, urangmah kedah husnudzhon wae lah,
> da nu maha uninga mah Alloh SWT. etamah teu kedah
> diperdebatkeun . punten bilih kirang raos jawabanana.
> --- Dani Ibrahim <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> >
> > dimilst tatanggi nuju rame dibahas musyrikna Abu
> > Thalib,  Aya sababaraha
> > patarosan anu sim kuring ayeuna teu acan gaduh
> > jawabannana, nyuhun
> > pencerahan ti akang-akang/teteh-teteh tina masalah
> > eta.
> >
> > Sim kuring gaduh pamadegan yen Abu Thalib teh maotna
> > dina kaayaan Islam.
> > Sim kuring kantos maos hiji buku anu ngajentrekeun
> > masalah ieu tapi hilap
> > deui kumaha-kumahana.
> >
> > Pendapat yen Abu Thalib maotna dina kayaan kafir teh
> > seeur di sababkeun ku
> > kondisi perseteruan Muawiyah sareng Ali.  Upami
> > ninggal kuhaatna Abu Thalib
> > ka Rasulullah asa teu mungkin manehna teu percaya
> > yen Muhammad teh Rasul
> > Allah.
> >
> > Punteun bilih lepat, ari lepat mah sifatna manusa,
> > sanes?
> >
> > Nyuhunkeun pencerahan
> >
> > Nuhun,
> > Dani Ibrahim
> >
> >
> >
> >
>
>
>
>
>
> __________________________________
> Do you Yahoo!?
> Yahoo! Mail - You care about security. So do we.
> http://promotions.yahoo.com/new_mail
>
>
>
>
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>
>
>




------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give the gift of life to a sick child. 
Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/lGEjbB/6WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke