Para wargi haturan..utamina Kang Eddy Nugraha..wilujeng tepang.
Nuhun kintunan seratan "elmu kanuragan"nana.
Sim kuring gaduh patarosan ka para wargi.. manawi aya anu tiasa "mesek" kanggo maparin kajelasan.
Waktu kuring kelas 5 SD (taun 79/80-an), kuring maca buku ipis anu judulna "Sejarah Cirebon". Dina buku eta aya disebutkeun hiji "ajian" gagaduhanana putra Syech Sunan Gunung Jati, namina "aji kapilisan" anu cenah... jalma anu mapatkeunana baris dipikanyaah/dipikaasih ku sasama.. ku dunungan... ku guru jrrd. Eta "ajian" napel keneh dina ingetan kuring tepi kaayeuna. Tapi.. tepi kaayeuna kuring weleh teu ngarti naon maksud tina babacaan/jampe ieu. .Kieu unina eta jampe teh:
Kirang mimang ing batuk ingsun
sari sedane ing lambe ingsun
iku wong sekabeh tua gede cilik
pada welas pada asih
kabeh mimang ingsun
kalayan berkahe kalimah Laailaahaillallooh Muhammadarrosuulullooh.
Cik.. manawi aya di antawis para wargi anu tiasa nerangkeun eusi ieu jampe....
Baktosna,
Ahmad Junaedi (Seoul)
Eddy Nugraha <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - Find what you need with new enhanced search. Learn more.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

