> > Saur anjeuna teh, urang sunda anu pangloba-lobana di > luar tatar sunda, moal nyalahan deui, nya di New York > City (NYC) Amerika Serikat. Aya kana 20 rebuan jiwa > mah. =========== Dupi jumlah dugi ka 20,000 mah duka. Mung upami ningali kanyataan, yen Holland Amerika Lines unggal musim panas New York City teh salah sahiji palabuhanna. Teras pan sakola Perhotelan teh di Lembang Bandung. Seuuer, mung teu terang jumlahna. Nyaeta da eta aya ku hese pisan ngumpulkeun US di NYC teh. Padahal mah aya Kumpulan Maesa, urang Manado. Aya kumpulan urang Ambon, Urang Aceh, Urang Minang, aya PBB mung sanes Perserikatan Bangsa-BAngsa ieu mah Perkumpulan Bangsa Batak. Tah duka kunaon sim kuring parantos kana 10 taunna kana usaha ngumpulkeun US, nami perkumpulan teh BSL...Batur Sa- Lembur. HArita diseratan hiji-hiji ku kartu pos. Aya kana 30-na. Mung nu ngajawab ngan 13 urang. Ayeuna, mung Katuana Mang Adjat sareng sim kuring anggotana teh. Padahal tos aya tujuana nyaeta ngabantu Pasantren Al Kautsar di Garut. Tah eta boa panyakit US , panas pansa tai hayam tea. Sareng deui da US mah, ngabaurna aya ku gampil. Diajar bahasa aya ku palalinter. Aya nu pinter basa Spanyol. Indonesiana logat Menado, Medan atanapi Betawi. Seueur oge ulin jeung seler Cina. Mata sipit,kulit rada bodas/koneng. Nya teu kaciri US-na. Sareng deui ketang, as a matter of survival....kapaksa ngaku Spanish umpamana da eta seuseurna kasebat "dark people". Teu wantun lapor ka KJRI, teu patos sering kumpul-kumpul. Digawe teras wangsul, unggal sasih ngirim artos kalembur saayana. Teu aya waktos sareng ongkos jang ber-"sosial". Jeung boa isin ku status tea, sieun di-deport wangsul ka lembur jadi matak ngawirangkeun dulur- dulur, boa deui wae. Nya pangpangan sieun katangkep tea. Langkung sae nya ngerem maneh wae di imah atanapi apartment. Da TV ge rame 24 jam, 1000 channel di NYC mah. Nya ku kayaan kitu, rada hese ngumpulkeunana. Tapi teu nanaon lah da eta barudakna balalageur. Jeung ngalartos, cicing-cicing wae, ulah neangan perkara jeung hukum. Nya seueur nu dipikaresep ku mojang bule, seueur nu tos laki-rabi. Ku margi nu bulena warganegara, nya marenahanan lami-lami jadi warganegara oge. Eta ku someah tea, boa, geuning aya kagunaanna. Abah Joe ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> DonorsChoose. A simple way to provide underprivileged children resources often lacking in public schools. Fund a student project in NYC/NC today! http://us.click.yahoo.com/5F6XtA/.WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

