Sumuhun kang Im, kang Oman masihan laporan teh mani sae, panjang tur ngaberele.....
Ngaberele teh hartosna naon...? dupi ngaborolo eta kumaha....?

kang_boim <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Euleuh...geuning mani munel kitu eta hasil panglawungan teh...! sae
pisan kanggo bahan garapeun kahareup pikeun urang sarerea salaku warga
kusnet. Insya Allah sim abdi baris ngiring ngarojong kana naon-naon
program kusnet anu baris dilaksanakeun utamana dina jangka pondok ieu,
kitu pikeun jangka panjang boh tanagi atanapi emutan insya Allah.
(duka ari jangka imah mah ....heheh).
Teu hilap sim abdi ge sok sanaos teu ngiluan langsung dina ieu
panglawungan, ngahturkeun nuhun ka para panitia anu parantos tihot-hat
gawe babarengan pikeun lumangsungna ieu acara. mugia sagala kasaean
sadayana dibales ku Allah Swt kunu langkung....amin
Kanggo kang ManAr, hatur nuhun kana pedaran laporanana anu sakitu
merele tur lengkepna.

Cag...ah, nuhun.

BM'69
-kanggo kang Ikmal diantos pisan ulemanana.
-kangggo kang Rachmat punten japri ka abdi hasil jepretanana, nuhun.

--- In [email protected], oman abdurrahman <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
> Baraya,
>
> Satadina mah moal buru-bur nulis ieu laporan jalaran bade ngabakian
heula laporan ti Kusnet warga jakarta anu sasatna salaku candolina (nu
mangku) eta hajatan. Ngan geuningan di dagoan tepi ka jam sakieu jeung
tepi ka geus aya anu nataroskeun (Kang Iim), teu acan embol-embol hiji
ge laporan teh (duka upama salila ieu posting diserat mah, aya sugan).
Sigana Kusnet Jakarta teh keur pakupis nombokan biaya hotel, da eta
bae cenah lumayan gede oge kurangna teh, 2 kali lipetna tina hasil
kencleng anu dijagragkeun dina sisi panto asup rohangan panglawungan,
di Hotel Santika, Slipi, Jakarta tea.
> 1. Aya 4 poko garapan pikahareupeun anu nyoko udagan jejer
padungdengan/sababna aya panglawungan atawa pasoalan kasundaan anu
samemehna dipintonkeun jeung diadurenyomkeun. Anu 4 teh ngawengku
kana: (mulasara) titinggal sajarah, partisipasi pulitik,  organisasi
kasundaan, jeung ngeunaan basa.
>
> 2. Tina pasoalan anu opat, program Pabukon anu diancokeun utamana
pikeun ngubaran pasoalan ningkatkeun partisipasi politik (sacara teu
langsung, ceuk MJ mah: mere atikan (ngeunaan kasadaran kasundaan) ka
barudak, ibarat nulis dina batu), sigana bisa jadi unggulan atawa
program anu penting pisan ditingkatkeun deui ngokolakeunana.
Atuh pon kitu deui, MJ jeung Ua Sas nguatan ku dadaranana anu lumayan
rinci ngeunaan Pabukon. Ceuk MJ dina eta riungan, mun bisa mah sanajan
kapangurusan Kusnet gunat-ganti, Pabukon mah kudu tetep aya/lumangsung.
>
> 3. Pikeun ubar soal organisasi kasundaan, kacindeka program jangka
pondok anu seja dipigawe dina taun ieu teh diantarana ngaronjatkeun
silaturahim ka organisasi-organisasi jeung inohong-inohong
kasundaan/Sunda. Kang MGT meupeujeuhan pisan sangkan program ieu
bener-bener bisa kalaksanakeun dina taun 2005 ieu kalawan daria tur
rada kerep.
>
> 4. Pikeun milu ngurangan kana pasoalan mulasara bukti/titinggal
sajarah, program anu dianggap realistis bisa kalaksanakeun ku Kusnet
teh nyaeta wisata sajarah. Ringkesna, dina taun ieu minimal sakali mah
anggota Kusnet, sakumaha bae lobana, ngahaja ngayakeun "napak tilas"
atawa lolongok ka patempatan-patempatan anu kawentar salaku kabuyutan
atawa lokasi titinggal sajarah. Tempat jeung waktuna engke seja
dipadungdengkeun deui. Program sejenna anu masih dilalanyahan dina
lebah dieu nyaeta nyusun buku (ngeunaan sajarah utamana mah).
Bahan-bahana mah geus sakitu ngahunyudna di arsip file milist. Sugan
bae atuh katanagaan.

kana program sosialisasi tea.>
>
> Rupina sakitu heula anu tiasa kapihatur, kirang langkungna
nyuhunkeun pangropea ti sadayana, khususna ti anu haladir di
panglawungan Kusnet mangkukna di Hotel Santika, Jakarta.

> Pamungkas, hatur nuhun ka Mang Ayat, Kang Ganjar (sanaos ti
katebihan), Kang MGT anu parantos mamaparinan bahan padungdengan. Oge
ka sadayana anu haladir sareng anu rumojong kana ieu acara, kalintang
nganuhunkeunana.
>
> Baktosna,
> manAR
>
>
>            
> ---------------------------------
> Do you Yahoo!?
> Yahoo! Mail - Find what you need with new enhanced search. Learn more.
>
> [Non-text portions of this message have been removed]
>
>
>
> PENTING..!
>
> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
>
> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai
sanksi berupa pencabutan membership.
>
> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk
selalu mengupdate antivirusnya.
>
>
>
> Yahoo! Groups SponsorADVERTISEMENT
>
>
> ---------------------------------
> Yahoo! Groups Links
>
>
>    To visit your group on the web, go to:
> http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
>  
>    To unsubscribe from this group, send an email to:
> [EMAIL PROTECTED]
>  
>    Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
>
>
>            
> ---------------------------------
> Do you Yahoo!?
>  Yahoo! Mail - Helps protect you from nasty viruses.





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Do you Yahoo!?
Take Yahoo! Mail with you! Get it on your mobile phone.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke