Hatur nuhun kang Oman laporan nana.....
Mung teteh rada kirang ngartos, anu kahiji upami muka di milis urang 
sunda, lelet pisan aya kana 5 menit bade muka teh Anu kadua si teteh 
tos posting, nya lumayan...heunteu panjang mah, dipilari bet teu 
aya, duka kamana eta postingan perkawis panglawungan , ical..!
Tapi upami posting digankleboy mah, lancar...sulancar ......punten 
si teteh laporan...hehehe

teh tien
( nuju panasaran  ngotektak poting anu ka hiji, weleh teu ka timu, 
duka kamana losna..?)





--- In [email protected], oman abdurrahman <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
> Baraya,
> 
> Satadina mah moal buru-bur nulis ieu laporan jalaran bade 
ngabakian heula laporan ti Kusnet warga jakarta anu sasatna salaku 
candolina (nu mangku) eta hajatan. Ngan geuningan di dagoan tepi ka 
jam sakieu jeung tepi ka geus aya anu nataroskeun (Kang Iim), teu 
acan embol-embol hiji ge laporan teh (duka upama salila ieu posting 
diserat mah, aya sugan). Sigana Kusnet Jakarta teh keur pakupis 
nombokan biaya hotel, da eta bae cenah lumayan gede oge kurangna 
teh, 2 kali lipetna tina hasil kencleng anu dijagragkeun dina sisi 
panto asup rohangan panglawungan, di Hotel Santika, Slipi, Jakarta 
tea.
> 
> Laporan singket bae, saba'da anjog ka tempat panglawungan anu rada 
telat, kami 5-an ti Bandung (+Ua Sas, Bah Wily, MJ, jeung Neng Wida) 
tuluy bae aub ka jero panglawungan anu keur rame adu renyom perkara 
sajarah jeung basa Sunda. Enya aya pangaruhna panglawungan diayakeun 
di hotel siga HS teh, eta rada "sarius" dina padungdenganana. Anu 
keur dihurup ku nu haladir harita teh nya Mang Ayat tea salaku nara 
sumber dina acara kahiji sanggeus bubuka, dimoderatoran ku Kang 
Ikmal (anu sumping sareng kikindeuwanana, wilujeng muga lungsur-
langsar dugi ka bale nyuncung).
> 
> Kacindekan tina materi anu didugikeun ku Mang Ayat jeung diskusi 
saba'dana, anu kacekel ku si kuring, nya taya lian yen sajarah Sunda 
teh aya dikieuna. Bukti-buktina, sanajan sabagean kudu geten 
ditalungtik, seueur keneh. Atuh Naskah Wangsakerta (NW) numutkeun 
Mang Ayat mah sah salaku sumber sajarah. Malah anjeunna bade 
medalkeun khusus (buku?) ngeunaan NW anu netelakeun yen NW teh sah 
salaku sumber sajarah. 
> 
> Pon kitu deui,  ngeunaan usaha-usaha US pikeun ngeuyeuban jeung 
mulasara bukti-bukti sajarah kawilang kuat, diantaran kulantaran 
ayeuna tos aya perda ngeunaan hal eta (bareng jeung kaluarna perda 
ngeunaan basa jeung kasenian daerah). Lebah dieu katingal, Mang Ayat 
masih keneh percaya ka lembaga jeung kawijakan pamarentah (enya 
atuh, piraku bae, da teu aya nagara anu dikokolakeun/diparentah 
ku....LSM, upamana).
> 
> Saba'da istirahat, panglawungan diteruskeun ku padungdengan 
sakumaha dina agenda anu tiheula geus diiberkeun. Acara anu kadua 
ieu dibuka ku pintonan bahan anu ti Kang Ganjar tea, ditema ku SWOT 
beunang ngumpulkeun sorangan tina hasil KIBS 2000 + bahan-bahan ti 
milist, dituluykeun ku bahan panganteur diskusi ti Kang Tirta. 
Padungdengan parat tepi ka tabuh satengah lima pasosore.
> 
> Eusi padungdengan anu poko diantarana, saba'da ngaanalisa bahan-
bahan anu dipintonkeun jeung padungdengan khas urang Sunda anu 
egaliter jeung demokratis tea, tepi ka moderator rada kawalahan, 
diantarana nyaeta nyoko kana program jangka pondok anu sakirana 
kadada jeung kaduga (realistis) dilaksanakeun ku Kusnet, bil khusus 
Kusnet Jakarta. Diantara kacindekanana teh kieu:
> 
> 1. Aya 4 poko garapan pikahareupeun anu nyoko udagan jejer 
padungdengan/sababna aya panglawungan atawa pasoalan kasundaan anu 
samemehna dipintonkeun jeung diadurenyomkeun. Anu 4 teh ngawengku 
kana: (mulasara) titinggal sajarah, partisipasi pulitik,  organisasi 
kasundaan, jeung ngeunaan basa. 
> 
> 2. Tina pasoalan anu opat, program Pabukon anu diancokeun utamana 
pikeun ngubaran pasoalan ningkatkeun partisipasi politik (sacara teu 
langsung, ceuk MJ mah: mere atikan (ngeunaan kasadaran kasundaan) ka 
barudak, ibarat nulis dina batu), sigana bisa jadi unggulan atawa 
program anu penting pisan ditingkatkeun deui ngokolakeunana. Sabab, 
Pabukon teh bisa jadi ubar atawa salah sahiji solusi anu ngawengku 
kana 3 pasoalan sesana. Dina panglawungan aya kacindekan, yen 
Pabukon seja dironjatkeun kalawan seja didata daria ngeunaan sagala 
rupana, utamana kabutuhan buku-buku jeung hasilna salila ieu. Malah 
Kang Tirta mah aya pamenta sangkan ngayakeun "pemetaan" (mapping) 
ngeunaan Pabukon. Atuh pon kitu deui, MJ jeung Ua Sas nguatan ku 
dadaranana anu lumayan rinci ngeunaan Pabukon. Ceuk MJ dina eta 
riungan, mun bisa mah sanajan kapangurusan Kusnet gunat-ganti, 
Pabukon mah kudu tetep aya/lumangsung. 
> 
> 3. Pikeun ubar soal organisasi kasundaan, kacindeka program jangka 
pondok anu seja dipigawe dina taun ieu teh diantarana ngaronjatkeun 
silaturahim ka organisasi-organisasi jeung inohong-inohong 
kasundaan/Sunda. Kang MGT meupeujeuhan pisan sangkan program ieu 
bener-bener bisa kalaksanakeun dina taun 2005 ieu kalawan daria tur 
rada kerep.
> 
> 4. Pikeun milu ngurangan kana pasoalan mulasara bukti/titinggal 
sajarah, program anu dianggap realistis bisa kalaksanakeun ku Kusnet 
teh nyaeta wisata sajarah. Ringkesna, dina taun ieu minimal sakali 
mah anggota Kusnet, sakumaha bae lobana, ngahaja ngayakeun "napak 
tilas" atawa lolongok ka patempatan-patempatan anu kawentar salaku 
kabuyutan atawa lokasi titinggal sajarah. Tempat jeung waktuna engke 
seja dipadungdengkeun deui. Program sejenna anu masih dilalanyahan 
dina lebah dieu nyaeta nyusun buku (ngeunaan sajarah utamana mah). 
Bahan-bahana mah geus sakitu ngahunyudna di arsip file milist. Sugan 
bae atuh katanagaan.
> 
> 5. Pikeun pasoalan pakait jeung partisipasi pulitik, salian ti 
Pabukon, oge diancokeun dina taun 2005 ieu, kagiatan ngaronjatkeun 
kasadaran masyarakat US ngaliwatan sosialisasi. Bahan-bahan pikeun 
sosialisasi geus nyampak, malah, dumasar pamendak/usulan Mang Ayat, 
aya hadena dina lebah dieu Kusnet teh gawe bareng jeung sababaraha 
organisasi kasundaan anu dina taun ieu ngarencanakeun ngayakeun 
sosialisasi kasundaan. Hal ieu oge minangka panumbu catur pang 
pinunjulna tina bahan anu dikintunkeun/kalayan kasaean Kang Ganjar 
(jejer ngayakeun keurseus tea dina power point ti anjeunna);
> 
> 5. Lebah pasoalan ngeunaan basa, icikibung Kusnet anu realistis 
dina taun 2005 disaluyuan diantarana: anggota Kusnet kudu aub 
kalawan aktif di milist-milist kadaerahan. Nya kitu, saur Kang MGT 
tea mah, sakalian urang posting ka urangsunda jeung kisunda, 
postingkeun oge babarengan bahan anu sarua ka eta milist-milist 
kadaerahan. Ku cara kitu, minimal baris tembong yen basa Sunda teh 
geuningan diparake, lain bae ku US anu aya di TS /Indonesia, tapi 
tug tepi ka seueur ti US anu nuju ngalumbara di mancanagara. Dina 
lebah dieu, US Sas ngemutan anu haladir, yen satemenna tos seueur 
ngeunaan kamus Sunda, kantun sosialisasina bae. Rupina anu ieu oge 
baris dikaitkeun kana program sosialisasi tea.
> 
> Rupina sakitu heula anu tiasa kapihatur, kirang langkungna 
nyuhunkeun pangropea ti sadayana, khususna ti anu haladir di 
panglawungan Kusnet mangkukna di Hotel Santika, Jakarta.
> 
> Dina kasempetan ieu, sakantenan sim kuring nganuhunkeun ka panitia 
ti rengrengan Kusnet Jakarta anu tos sakitu tihot-hatna dina 
nuturusan ieu acara ti kawitan rarancang tug dugi ka lumangsungna 
kalawan lancar tur hasilna kawilang munel. Ka Kang Tirta (nyaan 
daria pisan gan), Kang Rachmat Rawyani (hatur nuhun bukuna gan, oge 
dokumentasina agehan salambar mah...hehehe...manawi teu kaabotan), 
Kang Akos (nyaan pantes pisan lamun calik salaku salah saurang 
anggota OC dina hiji panglawungan badag, kaawakan ku salira mah 
hehehe), Teh Imas (tah ieu ningan Srikandi panitia panglawungan teh, 
hatur nuhun), Kang Ikmal (sae kulan, salaku moderator, hatur nuhun), 
Neng Ani (nuhun parantos sehat deui sareng ngiring aub di panitia, 
malah dina pantos pisan nalingakeun anu bade ngeusian 
kencleng...hehehe. Juni tea, cios?), bojona Kang Agus (sami, 
ngarencangan Neng Ani), Neng Adhe (sanaos sumping ti pengker, 
jalaran pancen tea, namung lebah urusan tempat sareng logistik mah 
si kuring terang pisan,
> icikibung salira kalintang ageungna kana lancarna ieu acara). Kum 
ka sadayana bae, hapunten upami heunteu ditataan hiji-hiji.
> 
> Atuh ka Ua Sas sareng Bah Wiliy kalintan ngahaturnuhunkeunana. Ku 
kasaean afranjeuna, si kuring, MJ sareng Neng Wida  tiasa miang ti 
Bandung ngadeugdeug panglawungan bari teu riweuh ku urusan logistik 
di jalan.
> 
> Pamungkas, hatur nuhun ka Mang Ayat, Kang Ganjar (sanaos ti 
katebihan), Kang MGT anu parantos mamaparinan bahan padungdengan. 
Oge ka sadayana anu haladir sareng anu rumojong kana ieu acara, 
kalintang nganuhunkeunana.
> 
> Baktosna,
> manAR 
> 
> 
>             
> ---------------------------------
> Do you Yahoo!?
> Yahoo! Mail - Find what you need with new enhanced search. Learn 
more.
> 
> [Non-text portions of this message have been removed]
> 
> 
> 
> PENTING..!
> 
> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
> 
> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai 
sanksi berupa pencabutan membership.
> 
> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk 
selalu mengupdate antivirusnya.
> 
> 
> 
> Yahoo! Groups SponsorADVERTISEMENT
> 
> 
> ---------------------------------
> Yahoo! Groups Links
> 
> 
>    To visit your group on the web, go to:
> http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
>   
>    To unsubscribe from this group, send an email to:
> [EMAIL PROTECTED]
>   
>    Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of 
Service. 
> 
> 
>               
> ---------------------------------
> Do you Yahoo!?
>  Yahoo! Mail - Helps protect you from nasty viruses.





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
DonorsChoose. A simple way to provide underprivileged children resources 
often lacking in public schools. Fund a student project in NYC/NC today!
http://us.click.yahoo.com/5F6XtA/.WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke