sampurasun,
puntenlah tos wawanian nonghol dina ieu rohangan, sanes bade culangung da simkuring mah seja manjangkeun duduluran eta oge sugan we diaku dulur ku sadayana khususna mah ku kikuncen. supados teu nyangkolong teuing kana waktos mangga ku simkuring di mimitian ;
simkuring teh ari wasta mah tiaalit dug nepi kaayeuna teh nyaeta ahmad saroni, sok disauran teh ari nuju alit mah emod, tapi ageung sakedik disauran teh janten ronny duka saha anu ngamimitian, ari kawit mah abdi teh pituin urang majalengka, tapi dina danget ayeuna simkuring nuju ngalalana dina nagri tatangga nyaeta di brunei, pami nyarioskeun padamelan abdi didieu nyaeta tukang ngabohongan batur, ngajagal gambar kangge di stasiun tv didieu, nya ceuk urang kulon tea mah editor saurna teh.
ah sigana mah cekap sakieu heula, sok bilih kapanjangan teuing
baktos
ronny
brunei
Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - You care about security. So do we.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

