Heuheu Kang Syam, seratan akang dina wangun padungdengan, ngemutkeun 
deui si kuring kana seratan ngeunaan "manajemen pipir hawu". Muhun, 
da geuningan hawu teh keur sababaraha golongan masyarakat urang mah 
masih keneh ngabudaya, khususna di padesaan. Mangga geura diilikan 
di dieu: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/message/6124

Teraskeun Kang, sugan bae engke tiasa dibukukeun seratan-seratan teh.

Baktos,
manAR

--- In [email protected], "syam ridwan" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> " Bejana BBM geus naek deui aki!"
> " Lain beja deui  tapi bener bener naek nini !"
> " Biasana mun BBM naek, sagala ge ngilu naek nini !"
> " Ambuing...ambuing kaya kieu mah kudu ngirit atuh aki!"
> " Heueuh pan dewek mah geus tikamari ngirit, cangklong padudan 
dileutikan, lamun udud aseupna tara dikaluarkeun deui sok langsung 
diteleg, hitut tara dikaluarkeun!"
> " Sarua nini ge ngirit aki...biasana mun tas nyisig sok 
diselapkeun dina palangdada, ayeuna mah sok langsung digayem we 
aki !"
> " Heueuh pan harga sisig ge sok pipilueun naek !"
> " Yeuh aki.... nini nek pepeling, wayahna ti poe isuk mah kudu 
rajin deui ngala suluh, urang bek to hawu deui, lieur deuleu..harga 
gas LPG geus miheulaan naek, minyak tanah najan cenah teu ditaekeun 
nyatana nerekel oge, mana langka deuih !"
> " Satuju lah nini...pokona kayaning tipi, radio,vcd, 
mejikjer,kulkas,blender, kipas angin, jetpam, mikrowip, urang 
teukteuk cocolok listrikna meh awet listrik !"
> " Sok lieur ari si aki...ari urang boga barang samodel kitu ?"
> " Aeh heueuh nya...bejana nu baroga barang nu kitu geus parindah 
ka pakgade  nini !"
> " Heueuh cenah malahan sendok jeung garpu loba nu digaradekeun, 
lamun dahar balik deui kabaheula marake leungeun !"
> " Ari urang nek ngagadekeun naon nini ?"
> " Kolor siaki we atuh !"
> " Duh jaman ayeuna aya kurupa rupa nya....beak barang nu 
digadekeun... ngagadekeun kahormatan beu !" 
> " Cing atuh ulah ngajedog wae aki, usul ka SBY atuh, kumaha 
kituh ? mana janjimu? atawa urang ajak ngahaleuang babarengan 
lagu "pelangi dimatamu!" 
> " Sabar..sabar nini...kamari ge aya wakilna ka Leuwi Gajah pan teu 
sapotong potong acan ngomong !"
> " Boa-boa keur ngirit oge nya aki....ngirit ku omongan heu 
heu....!"
> " Heueuh percumah ngablamblam ge ari ngan ukur ngobral jangji 
mah...ayeuna lain keur usum kampanyeu nini!"
> " Teuing ah lieur...eh aki..aya beja deui yeuh !"
> " Beja naon deui nini...aki mah sok rareuwas !"
> " Cenah gara-gara BBM naek, ukuran tempe jeung tahu jadi leutik !"
> " Naha bisa kitu nini ?"
> " Heueuh supaya teu rugi, harga tetep, tapi ukuran dileutikan !"
> " Boa-boa harga BH nini ge kitu nya , harga tetep ukuran 
dileutikan !"
> " Moal juah tikitu...nya biasana make nomer sabaraha kitu ?"
> " Biasana make nomer 36B pasti ukurana dileutikeun jadi 34B !"
> " Moal ngaruh nini...najan dileutikan ge tetep we eusina mah 
peot !"
> " Tong sok kitu aki...kitu kitu ge pan urut si aki !"
> " Eh nini...tapi aya oge nu beuki leutik  tapi kalahka leuwih 
mahal cing naon ?"
> " Teuing ah...taluk!"
> " Tarip si Desi, si Susi, si Donna, si Saritem....heuheuy !"
> " Dasar aki-aki teu uyahan !"
> SR





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give the gift of life to a sick child. 
Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/lGEjbB/6WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke