Wa'alaikum salam wr., wb.,
 
Hatur nuhun Kang Ade kana iber sareng panggerona. Bawiraos, cara ngokolakeun runtah anu pangefektifna, anu tiasa nyerep atawa nyeepkeun runtah unggal dinten teu nyesa dugi ka heunteu meryogikeun tempat nyimpen runtah anu pibahlaeun, teu aya deui model ngolah runtah jadi gemuk tea. Nya diantawisna, tangtosna saparantos diilo atawa diuji proposalna, ngokolakeun runtah janten Grammor tea.
 
Ku cara runtah didamel kompos, masalah teu acan rengse. Jalaran engke baris ngahunyud deui kompos anu teu kaserep ku patani jalaran cara ngangkutna sareng manfaatna masih kawon, upamana ku gemuk kandang. Kukituna, kompos anu ngahunyud baris nyangkolong tempat oge anu hartosna masalah deuin bae.
 
Ku cara diduruk runtah teh tangtos teu sae kana lingkungan. Sareng potensi manfaatna kanggo tatanen teu kawujudkeun upami runtah diduruk mah. Pon kitu deui, runtah dijadikeun biomas sakumaha rencana pabrik ngokolakeun runtah anu di Bojong, Bogor, masih nyesakeun masalah, boh kanggo lingkungan atawa manfaat ageung anu teu kapuluk.
 
Anapon upama runtah diolah teras (kantun neraskeun tina kompos) janten gemuk NPK plus, sagala rupi manfaat teh tiasa kahontal. Dina tehnisna engke, para pemulung sareng lapak ulah dikantunkeun, bilih janten masalah sosial. Atuh lengkah-lengkahna tiasa dirarancang luyu sareng pertanian terpadu tea. Kukituna, falsafah ngamanfaatkeun "waste product" janten saageung-ageungna manfaat atawa "buburuh dahar diupah beas" ceuk karuhun urang tea mah, Insya Alloh tiasa kahontal. Kanggo hal eta, proposal dugi ka teknis sareng analisis cashflow biayana parantos aya (model Grammor).
 
Ngamanfaatkeun runtah janten gemuk NPK plus sarupi Grammor kalintang ageung manfaatna, boh kanggo patani, lingkungan, atawa keuangan pamarentah. Sok komo ayeuna dina mangsa kahirupan sakieu tambah balangsakna alatan BBM naek bari jeung pamarentah teu acan maparinan kasiapan rakyat (upamana dina wangun subsidi gemuk anu, upama Grammor tiasa diproduksi, masalah gemuk tiasa seueur ngirangan). Mangga diantos bae lajuninglakuna, proposal atanapi proses akomodasi jejer-jejer (gagasan) sarupi kitu kantun digero. Namung, prinsip utamina mah teu aya sanes: runtah (organik) kedah janten pupuk NPK plus (anu lengkep kandungan organik, unsur makro, mikro, zpt, enzym, jrrd luyu sareng kaperyogian tatanen).
 
baktosna,
manAR
 
 
 
 
 


kepala bplhd <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamualaikum Wr. Wb.
 
Wargi sadayana, sampurasun.
 
Tinangtos ngarasa sedihna mah paraosan urang sadaya. Hatur nuhun kana bantosan boh mangrupa harta tur harti anu parantos dikaluarkeun ku warg wargi sadayan, kanggo ngabantosan dulur urang anu ayeuna keur nanadangan kasusah alatan urugna Tempat Pamiceunan Runtah di Leuwi Gajah.
Pribados masih keneh meredih kawargi wargi anu tunangtos ngagaduhan elmu pangaweruh pikeun ngokolakeun runtah, anu ayeuna jadi pasoalan anu ageung di Jawa Barat, utamina di Bandung sareng sabudeureunnana.
Hatur nuhun.
 
Waalaikumsalam Wr. Wb.
 
Kang Ade
 
 


Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - 250MB free storage. Do more. Manage less.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke