Heuheu... atuh komo mun kuring ngalungkeun gambarna, bisa digampleng
teu eureun-eureun ku si Ua Sas...

Numawi, Kang. Kecap pantes teh pan subjektif jeung relatif pisan
(inget nya, jalma nu loba ngedalkeun kekecapan nu tungtungna "if"
biasana jalma pinter, atawa guminter! heuheu). Enya sakumaha nu geus
disebutkeun, mun bari pahareup-hareup beungeut mah kuring ge can
tangtu wani.
Dina buku kasundaan nya tangtos (sigana, da can survey) urang moal
mendak kekecapan kitu, sabab buku kasundaan (atawa buku nu make basa
sunda) ukur ngeunaan naon? paling oge fiksi, esey, atawa sajarah. Coba
mun geus aya buku biologi (hususna bagbagan baranahan atawa
reproduksi) nu make basa sunda, piraku moal aya keneh bae...

On Tue, 1 Mar 2005 16:32:59 +0700, syam ridwan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> Kitu soteh upami teu aya deui kecap nu pantes. Neng
> Cobi neng Wida wantun teu nyebat nukitu dipayuneun sepuh.
> 
> Dina buku buku kasundaan boh dongeng atanapi nu sanesna
> asa can mendakan kecap nu kitu kacuali enya paribasa.
> Dina ayana ge panginten kalebet ekstrim. Kecap eta loyogna
> kanggo sasatoan sapertos anu aya dina paribasa tea. Upami
> kanggo jalmi mah asa kirang merenah.
> 
> Umumna mun maksadna kadinya sok disebat palawangan atanapi
> larangan ( punten sanes hartosna dilarang atanapi diwagel )
> 
> Dina dongeng sikabayan enya sok dibumbuan ku cawokah
> tapi sok didugikeun kubasa nu halus. Dongeng sareng tarjamahan
> nu sipatna ilmiah benten.
> 
> He..he.. ( seuri heula meh teu disangka seurieus ).
> 
> Ah kieu atuh pami hoyong jentre mah gambar we atuh he..he.


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
DonorsChoose. A simple way to provide underprivileged children resources 
often lacking in public schools. Fund a student project in NYC/NC today!
http://us.click.yahoo.com/5F6XtA/.WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke