Haturan kang Eddy.......
Seratan teh sae tur lengkep, sapuklah si kuring. Sumuhun kedah kitu kedah aya anu ngiritik nganggo kasaean kapayunan.  Tapi panglawungan di HS oge seueur pisan manfaatna kanggo ngaraketkeun silaturohim papada baraya. Tiasa patepung lawung paamrok jonghok patepang raray, tos paamprok mah janten uplek ngobrol , galecok noroweco...he he
Tapi oge, panglawungan teh aya langkungna ti panglawungan anu atos-atos. Nu kamari panginten munggaran acara anu daria, sugan didimitian ku tekad anu hade sugan aya hasilna.Ulah karek aya kahayang geus di hulag, atuh bisi mengkeret deui eta kahayang.
Mangga ka para pupuhu seratan ti kang Eddy tiasa janten bahan pertimbangan kanggo progran-program salajeungna. Punten bilih lepat upami teu nyambung.
Cag..ah
 
Teh Tien
( teu tiasa mairan, tapi hoyong....)
 
 
 
 
 
 
Eddy Nugraha <[EMAIL PROTECTED]> wrote:



Lantaran neundeun harepan nu gede ka sabangsaning
�kusnet�, sim kuring ngahajakeun nulis nu �critical�
ngeunaan panglawungan di Hotel Santika sabada ngilo
laporan Kang Oman; jeung ngilo sababaraha komentar
kawargian urangsunda/kisunda nu ngan sawarna jeung
ngan saukur �muji�/�agul�:

LAMUN saukur panglawungan teh ningkatkeun silaturahmi
di darat eta teh perlu pisan, sabab ku panggih
langsung bisa leuwih ngadeukeutkeun �karaketan� masing
masing anggota. Eta kagiatan kudu terus diseringan.
Kawas nu kaalaman ku kuring taunan katukang pernah
ngilu sakali boh di sundanet; boh di musium Jabar boh
di itenas na Kang Jamal nu ku kitu teh sanajan teu
pernah deui ngiluan atawa panggih nepikeun ka ayeuna
kuring resep ngumpul sabisana di millist kisunda/urang
sunda sabab apal jeung resep ka aranjeuna (hasil
panggih langsung). Malah lamun katangen seueur
kawargian nu anyar nu jeung aranjeuna kuring ge
langsung ngarasa deukeut ka nu aranyar teh da pasti
�sakaresep� dumasar kana cecekelan �jalma mah ngahiji
teh jeung nu sakaresepna�.

TAPI LAMUN, panglawungan harita teh bari ngabahas
program jeung udagan sunda ceuk kuring mah teu
praktis; meak meakeun duit; nu ngilu teu sariap;
hasilna teu puguh.

1. Alusna mah lamun ngan menta pamanggih Mang Ayat
(ahli) geus we gunakeun millist kumpulkeun nu hayang
dipenta tina kaahlian mang Ayat atawa nu lianna
sawalakeun di millist� suhunkeun anjeuna ngintun ka
Millist pan jadi kabeh bisa ulubiung; Tah karek di
darat di hotel mah lamun geus arek ngalaksanakeun
�declaration� atawa �final program� atawa �panel�
atawa �debat� nu Kusnet na geus puguh lengkep boga
bahan-bahanna aya wakila meh katanggarakeun di eta
hotel ka umum kusnet teh boga pamanggih nu sajajar
jeung �ahli�; eta bakal leuwih nguntungkeun Kusnet.
2. Saran Kang MGT nu kedah seueur silaturahmi jeung
sasama atawa saluhureun oge sarua teu kudu lewat di
hotel (aos di darat) jeung deui sering di dugikeun ku
Kang MGT � cukup di Millist wae di padungdengkeun
teknikna jadwalna jeung saha sahana nu rek ngilu jeung
nu rek dituju naon targetna; Lamun hayang �rahasia�
kirim we lewat japri nu keur umum kirim di millist
sunda. tah di darat mah lamun geus rek indit
babarengan manggihan �inohong� pikeun ngajelaskeun
saha kusnet jeung naon ciri/kamampuhna
3. Ide pabukon, lamun ngan kawas kitu, cek kuring mah
ide klise nu ngan hese cape jeung aweuhan hasilna moal
gede jeung moal lana: mangga tingali tos sabaraha taun
ide eta di pidamel? Dugi kamana hasilna? Hese seuseut
seuat ku dana bari lamun bisa teh kumaha supaya bisa
kapake ku nu maca? Naha henteu leuwih alus lamun ide
pabukon ieu teh ditambah (alternatif programna) ku
cara kusnet jadi mediator atawa agen ngamajukeun
pabukon nu geus aya misalna di Bandung; buku-buku
sunda di pabukon ayeuna UNPAD, UPI , PEMDA, PROF DODI
euweuh atawa jarang dibaca geus aya oge. Tah kumaha
lamun KUSNET teh ngayakeun event �DANCOW KUSNET
reueus/maca buku sunda� misalna lomba keun antar
SD/SMP/SMA ..tah efek domino na bakal gede�pan kolot
na jadi ulubiung ngilu mantuan da geus hese tea basa
sunda teh/tapi saha nu embung nagbantuan anakna
meunang�terus buku sunda bakal nambahan sabab kawas di
pabukon prof.Dodi kan teu meunang nginjem ka imah,
jadi lamun hayang bisa maca dimah kudu motocopy
jrrd..jrrd efek dominona. Dulur!!! Kawas ayeuna nu
dibutuhkeun teh melek komputer..teu kudu mikiran
(HEULA) supaya ngalarti program �assembly language�
susah jeung can tangtu aya gunana nu penting mah bisa
make komputer. KUSNET ge lamun perceka mah gancang
katanggarakeun ka umum sabab kagiatana aya aweuhanana.
4. Komentar2 kana ide kang Ganjar, sakali deui,
nunjukkeun teu pati dibaca/siap. Sabab lamun ditingal,
diantawisna, ide kedah �nyiapkeun materi nu standard�
bakal, tiasa janten, ngajadikeun ide sae ieu teh
saukur nu ku kang Ganjar na ku anjeun �dina seratan nu
sanes - disebat saukur �wacana�(konsep �sekolah� /siap
dibaca teu siap dipake cat:eddy). Da kasundaan na teh
masih �diperdebatkan� ari ayeuna disarankan ngadamel
nu standar berarti kedah aya �kasundaan� nu lain nu
jadi saukur dimarginalkeun/ sanes standar�atuh engke
lila di wacana deui. Tapi beda deui lamun materi
kursusna sanes standard/umum tapi pilihan/prioritas
eta mah bakal ngurangan papaseaan. Jrrd..jrrd nu engke
hoyong langsung didugikeun dina jejer husus. Sabab ide
kursus anjeuna na satuju pisan�malah bari jeung
atoh�sabab bisa jadi salah sahiji jalan ngaronjatkeun
image kusnet (lamun bisa). Tinggal nohonan ajakan tina
eta bahan supaya leuwih matotoskeun ngeunaan argumen
argumen nu dipake jrrd..jrrd�di bahas di Millistt
heula teu kudu di hotel.
5. Kuduna KUSNET ngadorong ide ide kreatif nu geus
aya di millist lamun aya KOPDAR di sabangsaning HOTEL
teh; Tiasa wae diayakeun penghargaan dina kopdar teh
ka salah sawios anggota nu berprestasi misalna wae ide
sae na kang Mh dina koropak 59; dina waktos nu teu
lila jeung teu di bantuan ngadegkeun website sunda
jeung eusina hese cape ngumpulkeun tulisan batur malah
nerjemahkeun jeung bisa ngajak batur ulubiung nyieun
qur�an sunda (keur dipaju). Penghargaan ieu perlu di
lakukeun supaya ngadorong nu lain pikeun migawe sarupa
jeung nunjukkeun ka bangsa sunda yen KUSNET teh aya.

LAMUN�
Kuring terus nuliskeun ka teu resep bisa jadi kuring
nu teu dipikaresep. Sabab hayang mihapekeun maneh da
betah di Kisunda/urang sunda, tulisan ieu dianggeusan
heula.

Neda nawakuf bae.

Baktosna
Eddy Nugraha







__________________________________
Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - now with 250MB free storage. Learn more.
http://info.mail.yahoo.com/mail_250


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
DonorsChoose. A simple way to provide underprivileged children resources
often lacking in public schools. Fund a student project in NYC/NC today!
http://us.click.yahoo.com/5F6XtA/.WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/





Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - now with 250MB free storage. Learn more.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke