Wa'alaikum salam wr, wb.,
Haturan Kang Dian, wilujeng aktif deui di milist. Kumaha damang nun? kamana bae? sono nataku yeuh. Sareng kulawadet salira mah mindeng tepang, Kang Isya tea anu di Vulkanologi (tah geuningan kaleresan, nembe anjeunna ngintun posting).
Ngiring bingah, rehing salira parantos gaduh buah soca. Kulantaran keur ngahanca TQBS ( http://free.angeltowns.com/studio579/alquran/ ) sasarengan sareng Kang Hasan oge dulur-dulur nu sanesna, urang nyutat tina surah Maryam ayat ka 12 dugi ka 15 bae nya do'a kanggo larapan ka tuang putra teh: "Nun Gusti, pamugi ieu putra Kang Dian anu nembe lahir teh sakumaha kaunggel dina do'a Al Qur'an, janten murangkalih anu:' ...jeung Kami maparinan ka inyana hikmah ti bubudak keneh, jeung rasa welas asih anu jero ti sisi Kami jeung kasucian (tina dosa); jeung inyana kalebet salah saurang anu taqwa; jeung salah saurang anu babakti ka ibu ramana, jeung heunteu kaasup anu sombong tur doraka; kawaluyaan pikeun dirina dina poean dilahirkeun, poean maotna jeung dihudangkeunana deui tina jero kubur engke". Amin.
Ngeunaan kalasunda, Alhamdulillah, Kang mh kapungkur kantos ngiberan, atuh "louching"-na di pendopo Walikota Bandung sabaraha warga ti milist kungsi ngaluuhan, malah padungdengan ngeunaan eta kalender enggal anu sae kalintang euyeub di milist. Hatur nuhun parantos ngemutkeun deui.
Mangga Kang, diantos icikibungna di milist oge garapan-garapan sanesna sapertos Wikipedia. Juragan Wiki teh kamari ngadadarkeun jejer anu pakait sareng atikan anu nuju dikeureuyeuh ku salira, mangga dilengkepan bae. Atuh kana naon rupi karya kasundaan salira dina wangun web, kalintang ngarojongna.
Wilujeng.
Baktosna,
manAR
Dian Nugraha <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalaamu `alaykum,
Lami teu nepangan ieu rohangan, tos langkung ti sataunna. Mugia
sadayana aya dina ginanjar kawiluyaaan ditangtayungan ku Allaah SWT.
Emut yen warta ti sim kuring anu pamungkas teh ahir taun 2003. Sanaos
diengkekeun margi seueur hanca garapeun sanes, nanging sono teu
katahan hoyong ngalongok milis oge sakantenan bade ngabewarakeun yen
alhamdulilllaah sim kuring sareng pun bojo dipaparengan dipasihan
amanah ku Nu Kawasa, ku dibabarkeunna pun anak ping 17 Februari nu
kalangkung. Istri..
Nepangkeun pun anak, http://diantn.free.fr/filebank/nadin_us/
Wilujeng tepang oge ka baraya nu teu acan wanoh sateuacanna. Hapunten
tina samudayaning kalepatan.
Wassalaamu `alaykum,
-Dian Tresna Nugraha-
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya.
Do you Yahoo!?
Yahoo! Sports - Sign up for Fantasy Baseball.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

