"Pasir Sapuluh Rewu" atawa "The Ten Thousand Hills (TTTH)" anu jadi salah sahiji ciri wewengkon Kota/Kabupaten Tasikmalaya, numbu postingan ti Kang Isya, teh salah sahiji wangunan alam anu khas di Tasikmalaya. Diaranan TTTH teh mimitina mah ku para ahli geologi. Upama teu lepat, dina jurnal Geologi itb aya seratan Prof. M.T. Zen ngeunaan TTTH.
 
Sakumaha dadaran Kang Isya, ieu pasir laleutik anu sakitu lobana (dugi ka disebut sapuluh rewu, bakat ku loba), pating arenclo kapanggih di sapanjang wewengkon ti mimiti sabudeureun terminal Tasikmalayan (ngarana oge terminal Galunggung) nepi ka lamping Gn. Galunggung. Disebut pating arenclo da sangeunahna bae caricingna eta pasir teh, sakumaha baheula kajadianana, kamana bae Gn. Galunggung ngalungkeunana. Ukuranana rupa-rupa, nya ti mimiti garis tengah kl 10 meteran tepi ka anu sababaraha kali lipetna.
 
Sapuk Kang Isya, kami nyaksian, ayeuna geus pohara ruksakna kaayaan TTTH teh. Padahal, salaku kabuyutan hasil alam anu fungsina sakitu gedena pikeun ngurangan korban akibat gunung (Gaunggung) bitu, kacida lebarna lamun ieu TTTH warisan alam teh nepi ka ludesna teu ngari. Boro-boro tatangkalan luhureunana (anu bisa bae aya hiji dua anu endemis--tacan aya panalungtikan sigana ka jihat eta mah), dalah ka batu anu minangka hambalanana oge geus ampir beak dikorowodan.
 
Pasoalan anu diasongkeun ku kang Isya dina posting anu dipairan di dieu, kalintang pentingna, khsususna pikeun warga Tasikmalaya, Jabar umumna, jembarna sakuliah Indonesia. Enya, kusabab teu bisa dipumpang, hirup urang teh pagilinggisik jeung bencana alam; kusabab geus ditangtukeun ku anu di luhur, urang dumuk di daerah tropis anu beunghar ku gunungapi anu sok ngabeledug tea sawaktu-waktu. Ieu pasoalan ciri khas di nagara urang: rebutan antara kapentingan mitigasi bencana jeung ngaronjatkeun eusi (atawa atas nama? PAD (mudah-mudahan leres-leres lebet PAD anu kedahna lebet mah).
 
Ka warga Tasikmalaya, khususna, kami ukur bisa ngandelan panggero Kang Isya. Upama enya lamun aya maksud nyinglar korban alatan bancangpakewuh gunung Galunggung bitu, wayahna eta TTTH kudu dipulasara. Wayahna, ulah tepi ka kapentingana ekonomi saayeunaeun meakeun ieu benteng alam pikeun ngahulang panarajang lahat ti Gunung Galunggung dina mangsana bitu. Ceuk basa anu vulgar mah: "wayahna, ulah tepi ka alatan nyumponan pangabutuh PAD model koreh-koreh cok, ngabalukarkeun urang (Kab. Tasik) ka hareup nandangan akibat gunungbitu anu sakitu rongkahna anu biaya pikeun ngarehabilitasina manglipet-lipet leuwih gede tinimbang jumlah anu kungsi katarima ku daerah Tasik tina hasil nambang alamna"
 
Jeungna deui, upama Disbudpar Daerah Tasik geusit, sabenerna TTTH bisa dimanfaatkeun keur ngaronjatkeun PAD Tasik ku cara anu heunteu ngaruksak alam. Lebah dieu, wisata lingkungan kalayan obyekna TTTH bisa disorang. Pikeun hal eta, geus waktuna gawe bareng antara insan pariwisata jeung ahli gunungapi pikeun silih teuleuman pasoalan alam sarupa TTTH jeung pariwisata. Teu kudu salempang, da sumberdayana di Tatar Sunda kasebut nyukupan, boh hasil panalungtikan atawa ahlina, kari derna dilalanyahan.
 
Cag.
 
Baktos,
manAR

isya dana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:


heru heru <[EMAIL PROTECTED]> wrote:Wassalamu'alaikum Wr.Wb.
Kanggo urang Tasik, punten sim kuring hoyong nga informasikeun salah sawios rusakna lingkungan di kawasan G. Galunggung, padahal eta teh ngarupikeun filter kanggo kota Tasikmalaya sareng ngarupikeun daerah resapan air tanah kota Tasikmalaya. Naon eta teh?
nyaeta : nu disebat dina bahasa deungeun mah "ten thausand hill" (gunung sapuluh rebu) nu aya di sekitar Tasikmalaya ka arah G. Galunggung (sapanjang jalan ti kota Tasik nu bade ka G. Galunggung) seueur gunung-gunung aralit, eta teh kumpulan bukit anu janten (terbentuk) waktos G. Galunggung bitu dina masa sajarah, anu ngarupikeun filter (panghalang) Kota Tasikmalaya upami dina hiji waktos engke G. Galunggung bitu deui.
 
Kumargi ayeuna mah pasirna tos rada kirang, lahar G. Galunggung tos teu lungsur deui, sigana Gunungna kedah dibitukeun heula nembe seueur deui keusikna.
Ieu informasi ku pribados janten pangemut kasadayana wargi urang Tasik khususna (Pemda Tasik), urang sunda umumna, margi upami tos dipasihan ujian ku bencana alam nu repotna salian ti pamarentah ku anjeun oge urang-urang nu aya di daerah bencana,

Sakieu bae mudah-mudahan tiasa langkung sae kapayunna.

asalamualaikum, wr wb
bewara ka sadaya
sim kuring ti keluarga besar KPMT (Keluarga Pelajar
dan Mahasiswa Tasikmalaya Yogyakarta)ngabewarakeun ka
sadaya para wargi yeun KPMT di Yogyakarta tos
ngabentuk lembaga otonom nu tugasna ngainpormasikeun
sareng mompromosikeun pariwisata Tasikmalaya hususna
sareng Jawa Barat umumna. nami lembagana LIPPT
(lembaga Informasi dan Promosi Pariwisata Tasikmalaya
Yogyakarta). kangge informasi hubungi ka
e-mail:[EMAIL PROTECTED]
hatur nuhun kana perhatosanana
wasalam 


           
__________________________________
Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - Find what you need with new enhanced search.
http://info.mail.yahoo.com/mail_250





PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya.



Yahoo! Groups SponsorADVERTISEMENT


---------------------------------
Yahoo! Groups Links

   To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
 
   To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
 
   Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.



           
---------------------------------
Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - Easier than ever with enhanced search. Learn more.

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya.



__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke