Duh Kang MH sok waas mun ingiet "Kolong", nya waas nuju budak, eta atuh ameng dikolongteh sok bari nengan undur-undur, engke weh tos magrib cangka endog anu dua sok barentus aratel, di lemburmah disebutna ku "tongo", sok atra eta tongo teh katingalina, etamah pangalam ulin dikolong ker budak. Mun nincak rada gede atawa rumajamah sok rajeun ngilu noong, biasa mun malam jumaah atawa malam salasa, pan ari dilemburmah masih loba keneh imah anu kolongan jeung ku bilik, jadi di gunakeun keur noong kolong eh noong kajero kamar batur. Jadi babaturan kuring teh noongna ti kolong da cenah atra katingali..., jadi manehna sok nolol kaluar bari nga harewos ngabejaan ka anu nong di luar, acan-acan ceunah, pas peting keur sial ari anu noong di luar mah geus lumpat da kanyahoan anu di kamar hudang kaluar (ari anu dikolongmah angger wae cicing meureun bari noong kaluhur), duka curiga aya nu noong duka hoyong kahampangan, terus nangtung pas di urut anu noong diluar, ari anu dikoong malah kaluar nololkeun sirahna bari ngaharewos acan-acan euy keur kaluar kamar cenah. Samarukna masih keneh batur anu noong anu nangtung didinyateh.. padahal anu boga lalakon. tos ah, jadi inget kalembur. salam hendra ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.' http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

