Karakter urang jawa ceuk Tomi Peres boga sipat "disiplin". Eta karakter teh masih jadi sipat urang jawa nepi ka ayeuna. Ditambah ku sipat daekan, leukeun jeung teu gengsian plus populasi mayoritas, atuh karasa pisan dominasina di ampir sakabeh widang. Nu hade mah eta urang batak teu aya sakecap-kecap acan ti kang Peres tapi ayeuna mani asa pabuliwet urang batak disagala widang, lengkeppp pisan.
 
JP

asep juarna <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Ari rek nyonto seler wetan hog-hag nyarita make basa
manehna lamun panggih jeung babaturanana mah asa hese
pikeun urang Sunda mah. Teu kitu kumaha atuh, basa
kuring sakola di ITB, da basa kadua sabada Bahasa
Indonesia teh Basa Jawa, padahal pan Bandung teh
puseurna Parahyangan. Kitu deui salila kuring digawe
di Depok, deuih basa kadua teh Basa Jawa. Ayeuna
kuring ngumbara di Perancis, mindeng pisan caritaan
kuring dibales ju babaturan make Basa Jawa. Antukna
salila di Perancis kecap-kecap nu nambahan teh lain
kecap-kecap Basa Perancis, tapi kecap-kecap Basa
Jawa... Nyeta atuh, aya ku teungteuingeun nya nasib...

AJ


--- mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> ngadongeng noong ka kolong teh salian keur
> panineungan
> ka lembur, oge pikeun ngolongan sugan aya dongeng
> baraya perkara tuang toong. cing ayeuna urang noong
> seler sejen, dina hal naon anu jadi kaunggulan
> budaya
> maranehna, anu bisa ngahasilkeun maranehna survive.
> biasana upama urang ninggali seler sejen sok rada
> apriori, nu katinggal ngan kagorenganana. padahal
> tangtu wae aya kaluhungan-kaluhungan anu jadi watek
> eta seler, nu bisa ngajadikeun manehna nyaliara ka
> mana-mana. mislna urang cina jeung jawa.
>
> sugan aya pangalaman baraya, cing pang noongkeun
> urang
> jawa. naon kira-kirana kaunggulan maranehna.
> sementara
> nu katinggal ku kuring, upama urang jawa panggih
> jeung
> baturna hog-hag ngobrol make basa jawa. kumaha kang
> tito, teh tien lu lami di jawa. oge baraya sanesna.
> naon kira-kira kaunggulan urang jawa nu bisa jadi
> bahan pieunteungeun urang sunda.
>
> salam,
> mh
>
> --- oman abdurrahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> > Wararaas Kang, enya asa kaingetan pangalaman keur
> > leutik ku tulisan ngeunaan kolong teh. Inget keneh
> > bae keur meujeuhna kembang pakarangan ceuk babasan
> > mah harita teh, ari ti peuting lamun hayang
> > kahampangan teh sok milarian kolong. Praktis da
> > pacilingan teh sasatna di jero imah, lebah manah
> bae
> > asal aya conggang (di Garut mah "rongrang" tea
> lain,
> > istilahna) dina balagbag (palupuh) imah, nya
> didinya
> > hajat leutik teh dilepaskeunana.
> > 
> > Aya deui Kang, kolong teh biasana nampeu ka
> balong.
> > Da nyakitu, di tempat anu loba balongan mah,
> balong
> > teh mindeng papipir jeung imah. Tah, lebah
> > ngabedahkeun balong, kolong teh sok jadi
> pamiceunan
> > leutak anu geus lila nyaeuran balong.
> > 
> > Sigana enya, baheula, kahirupan masyarakat Sunda
> teu
> > lepas oge ti kolong. Kolong imah, nyimpen sagala
> > rupa panineungan jeung sajarah anu nyicingan eta
> > imah. Ieu teh, pakait jeung  judul jejer, asa
> > ngailhaman ngeunaan hiji babasan. Boa-boa, ka
> > hareup, babasan "tungkul ka jukut, tanggah ka
> > sadapan" teh meujeuhna ditambahan nu "noong ka
> > kolong".
> > 
> > baktosna,
> > manAR
>
>
> =====
> dapur: http://free.angeltowns.com/studio579/
>
> __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam
> protection around
> http://mail.yahoo.com
>



     
           
__________________________________
Celebrate Yahoo!'s 10th Birthday!
Yahoo! Netrospective: 100 Moments of the Web
http://birthday.yahoo.com/netrospective/


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Celebrate Yahoo!'s 10th Birthday!
Yahoo! Netrospective: 100 Moments of the Web

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke