wilujeng enjing ua Sas sareng wargi Kusnet , kumaha 
daramang?

uwa, pami tiasa mah punten pang jentre keun 
 kasimpulan/program kerja Kusnet Jakarta_ hasil riungan 
tea.
wassalam
  soni+++


On Wed, 2 Mar 2005 19:01:35 +0700
  "MSasmita" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Meh saminggu teu posting ka Kusnet teh, satutasna 
>ngiluan Silaturahmi di
> Jkt, alatanana mah nyakitu tea, computer keuna ku pirus 
>jadi rada ngaco,
> mindeng error-na.
> Resep ka barudak ngora di Kusnet Jakarta, sumanget.
> Keur kuring mah kacida bungahna da tina sumanget eta 
>bakal mucunghulna
> sirung harepan Sunda kahareupna, kataji ku hoghagna, 
>kataji ku eusi nu
> di-hoghagkeun-na, kataji ku ngarora-na (da dina ukuran 
>umur mah sigana
> kuring pangkolotna nu harita hadir ti Kusnet teh atuh 
>ari ti luar Kusnet mah
> kapan aya Mang Ayat nu tos yuswa 60 langkung), jeung 
>kataji ku&#8230;daria-na.
> 
> Kataji ku omongan Kang Tirta, yen ngayakeun riungan teh 
>keur ngocal-ngocal
> program naon nu bakal bisa kalaksanakeun kahareupna boh 
>nu jangka pondok
> atawa nu jangka panjang, jeung jang ka imah 
>(kulawarga)*), nu jadi sabab
> Kusnet Jakarta aya niat rek manggihan Urang Sunda di 
>Jakarta boh inohong,
> gegeden, ilmuwan(?) keur ngawanohkeun Kusnet, bisi 
>ditanya naon programna
> jawabna teh teu sabolang bentor teuing tapi nyoko kana 
>hasil riungan tea.
> Mun kongang kuring ge hayang nurutan ngayakeun 
>silaturahmi siga kitu di
> Bandung, keur mah ongkoh aya nu ngaharewos Kusnet teh 
>kudu diwanohkeun
> (disosialisasikeun) ka urang Sunda senior (? ).
> 
> *) Jang ka imah didieu teh taya lain iwal ti naon anu 
>bisa dilakukeun ku
> urang keur ngahaulkeun deui Sunda di kulawarga, naha 
>ngan sakadar ngalobaan
> buku bacaeun basa Sunda, atawa ngan sakadar ngalanggan 
>majalah/koran basa
> Sunda, tujuanana mah sangkan barudak di imah teu poekuen 
>teuing kana basa
> Sunda.
> 
> Der..ahh..!!
> 
> MSasmita
> 
> 

========================================================================================
Akses Internet TELKOMNet-Instan beri Diskon s.d. 50 % khusus untuk wilayah Jawa 
Timur.
Informasi selengkapnya di www.telkomnetinstan.com atau hub 0800-1-INSTAN 
(467826)
========================================================================================
 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give underprivileged students the materials they need to learn. 
Bring education to life by funding a specific classroom project.
http://us.click.yahoo.com/4F6XtA/_WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke