Muhamad Musa, atawa, mun lengkep jeung gelarna, Rad�n Haji Muhamad
Musa (1822 - 10 Agustus 1886), pangarang nu ngaluluguan kasusastran
citak Sunda, ulama, sarta inohong Sunda abad ka-19.
Babad Salira
Muhamad Musa dibabarkeun di Garut salaku turunan m�nak, anak Rad�n
Rangga Suryadikusumah, Patih Kabupat�n Limbangan. Munggaran meunang
atikan formal ti pasantr�n di Purwakarta. Geus kungsi munggah haji ka
Mekah nalika ngora, diajak ku bapana. Kungsi nolak tawaran Pamar�ntah
Hindia Walanda sangkan jadi kapala gudang, anjeunna milih widang
kaagamaan. Sanggeus jadi panghulu, taun 1864 anjeunna diangkat jadi
panghulu besar (Wal. Hoofdpenghoeloe) Kabupat�n Limbangan nepi ka
maotna.
Muhamad Musa sosobatan dalit pisan jeung K. F. Holle, pangusaha
perkebunan ent�h bangsa Walanda di Cikajang, nu nas�hat-nas�hatna
ngeunaan bangsa pribumi (utamana Parahiyangan) ka Pamar�ntah Hindia
Walanda diaku/dipercaya pisan.
Dalitna Musa jeung Holle nguntungkeun Musa, utamana tina campur gaulna
jeung bangsa Walanda. Musa ku Pamar�ntah Hindia Walanda dipercaya
pisan, nepi ka ku jasana ka pamar�ntah, kungsi dijangjian kalungguhan
pikeun kulawargana nepi ka tujuh turunan. Tina dalitna jeung Holle og�
Musa bisa ngembangkeun bakat nulis/ngarangna sahingga karya-karyana
(boh pituin atawa saduran/tarjamah) bisa dicitak nepi ka r�buan
�ksemplar di Jakarta.
Muhamad Musa boga genep istri nu m�r� 17 putra, di antarana
Kartawinata jeung Lasminingrat.
Karya-karyana
Karya Muhamad Musa pangmashurna nya�ta Wawacan Panji Wulung nu
munggaran di citak taun 1871. Karya-karya s�j�nna nu dicitak di
antarana,
* 1862: Wawacan Raja Sudibya, Wawacan Wulang Krama, Wawacan
Dong�ng-dong�ng, Wawacan Wulang Tani;
* 1863: Carita Abdurahman jeung Abdurahim, Wawacan Seca Nala;
* 1864: Ali Muhtar, �lmu Nyawah;
* 1865: Wawacan Wulang Murid, Wawacan Wulang Guru;
* 1866: Dong�ng-dong�ng nu Aran�h;
* 1867: Dong�ng-dong�ng Pieunteungeun;
* 1872: Wawacan Lampah Sekar;
* 1881: Santri Gagal, Hibat.
Rujukan
* Mikihiro Moriyama. 2005. Semangat Baru: Kolonialisme, Budaya
Cetak, dan Kesastraan Sunda Abad ke-19. Jakarta: Kepustakaan Populer
Gramedia. ISBN 979-91-0023-2.
http://su.wikipedia.org/wiki/Muhamad_Musa
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital's
'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/