Oh, Jang Andry. Kenal atuh abdi ge. hehee.. Basa nyimpang ka toko buku bambu teh meni asa waraas. Da ningan kaset nu di stel teh kaset-kaset sunda. Cianjuran malah mah. Pokona mah, simkuring ge ngadukung.
Salam, Widzar. --- In [email protected], "MSasmita" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Mangga..sim kuring siap upami medar pengalaman muka Rumah Baca Buku Sunda, > Pabukon PSK ti YP tangtos MJ sareng sim kuring ge siap. > Mangga we tangtoskeun iraha-irahana, sareng kumaha pola adu renyom- na. > Diantos wartos salajengna. > > MSasmita > Kang Oman, Jaketna kakantun dina mobil, tos didugikeun ku Pa Wahya..? > > -----Original Message----- > From: oman abdurrahman [mailto:[EMAIL PROTECTED] > Sent: Thursday, March 03, 2005 10:51 AM > To: [email protected] > Cc: [EMAIL PROTECTED]; [EMAIL PROTECTED] > Subject: [Urang Sunda] Uleman ti Toko Buku/Taman Baca Awi > > Baraya, > > Kamari ieu si kuring kasumpingan barudak ngora anu keur meujeuhna > belekesenteng ti taman baca / toko buku Awi (Bambu Bookstore/Reading Club) > (disingket TB2Awi). Ari anu jai jejer utamana panglawungan teh taya lian > aranjeunna nawiskeun hiji gawe bareng antara milist urang (urangsunda jeung > kisunda) jeung taman baca/toko buku Awi asuhan aranjeunna. > > Gawe bareng anu ditawarkeun teh diantarana: TB2Awi nyadiakeun rohangan jeung > buku-buku koleksina anu bisa digunakeun ku urang pikeun kagiatan naon bae > anu pakait jeung maca atawa ngamasyaratkeun budaya maca, khususna bacaan > buku dina basa Sunda (buku-buku Sunda). "Mangga, patempatan kami bisa > dianggo kagiatan-kagiatan sarupa lomba maca, pidato, saresehan, jeung > rupa-rupa kagiatan sejenna ngeunaan buku-buku Sunda atawa basa Sunda", kitu > ceuk Kang Andry salah saurang pangurus TB2Awi anu kamari patepung. Atuh > minangka panyilihna ti milist urang, saur Kang Andry, saheulanan, > pangiberkeun bae cenah, yen aya TB2Awi anu salah sahiji kagiatanana teh > nyaeta ngabudayakeun buku-buku jeung maca basa Sunda. > > Ku emutan, ieu hiji hal anu kalintang saena pikeun dilajuningkalukeun ku > urang. Diantarana, apan pakait sareng kagiatan unggulan urang, pabukon tea. > Kapayun, salah sahiji kagiatan urang ngeunaan mateakeun buku-buku Sunda > rupina tiasa diadumaniskeun sareng kagiatan aranjeunna, khususna taman > bacana tea. > > TB2Awi teh diadegkeun ku sababaraha urang mahasiswa (ayeuna sapalih aya anu > parantos lulus kuliahna) jurusan jurnalistik Unisba. Nyakitu cenah, > kasangtukangna mah hayang boga pangalaman anu nyata dina widang anu patali > jeung jurnalistik. Diadegkeun tacan lila, karek tilu bulan ka tukang. > Diaranan "Awi" duka teuing kunaon, teu kungsi tatanya, ngan sigana patali > jeung kacintaan aranjeunna kana tutuwuhan golongan aawian. Hal ieu > kapireungeuh waktu kuring ngalongok ka patempatan TB2Awi anu sakabeh rak > buku-bukuna teh dijieun tina awi. Kacida matak katajina. > > Anu matak kataji teh eta deuih, Kang Andry nyarioskeun, yen salah sahiji > program kagiatan TB2Awi teh nyaeta ngabudayakeun koleksi jeung maca > buku-buku Sunda. Kalintang sapagodosna sareng program urang sadaya. > > Mangga, Ua Sas, MJ, oge ka sugri sadaya anu kataji ku ieu tawisan, > dihubungan bae ieu TB2Awi. Alamatna di handap ieu: > > Bambu Bookstore/Reading Club > Jl. Tirtayasa no 26 Bandung > e-mail: [EMAIL PROTECTED] <mailto:[EMAIL PROTECTED]> > Sdr. Andry, HP: 081320336087 > (punten tlpn "bumina" heunteu kungsi naroskeun) > > Baktosna, > manAR ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Give underprivileged students the materials they need to learn. Bring education to life by funding a specific classroom project. http://us.click.yahoo.com/4F6XtA/_WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

