Ngiring bingah kang Iyan, mugi tiasa mangpaat elmuna. "welcome to the club". :) Panginten tiasa ngadongeng tah kumaha carana sakola bari ngawangun kulawarga teh.. naon wae resepna.
[EMAIL PROTECTED] wrote: > > Wilujeng sonten para wargi sadaya..... > Puji sinareng syukur di panjatkeun ka ALLOH SWT, > Alhadulillah dina dinten saptu kamari kaping 26 februari 2005, > simkuring ngalaksanakeun wisuda ngahontal cita cita anu ti leuleutik di > pikahayang, tah ayeuna geus kalaksanakaeun > tur aya hiji anu matak senang, kumargi abdi teh mangrupikeun lulusan anu > munggaran sarjana elektro di kampus, di Kota Batam, sareng di Prov Kepri > tah ieu salah sahiji kabanggaan kanggo abdi sareng hiji deui anu nyenangkeun > teh nyaeta abdi mangrupikeun lulusan sarjana terbaik tisadayana anu di > wisuda dina dinten eta, sanes sombong.......ampun paralun teuing kedah > sombong mah. > ngahaturkeun nuhun special kanggo Indung Peuting ( Teh Tien ) anu parantos > ngarojong masihan sumanget ka abdi > tug dugi ka ayeuna janten sarjana Elektro. abdi reueus ka Teh Tien sok > sanaos teu acan patepang raray pa amprok jonghok > tapi masihan dorongan moril kanggo ngabereskeun janten tukang insinyur. > Sok sanajan umur geus kolot oge kuring maksakeun da hayang ngahontal cita > cita baheula jaman keur SD di tanya ku Guru > poto anu kahiji di photo sareng raka anu pang ageungna ( A' UCU ), upami anu > kadua sareng keluarga. > putri anu pang ageungna namina Resti sareng anu kadua namina Rista. upami > pun bojo anu di tengah namina Teh Ika. > Hatur nuhun kasadayana anu parantos ngarojong ka abdi dina ngahontal cita > cita ieu. > > cag ah, > Kang Iyan anu nuju senang. > beres ngahontal cita cita keur leutik. > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Give the gift of life to a sick child. Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.' http://us.click.yahoo.com/lGEjbB/6WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

