Haturan Bah Siddik, kumaha damang ?
Kaleresan abdi aya nu apal lagu Goletrak sareng Hiji Catetan. Mung nya kitu ngandelkeun cangkeman bae, duka leres duka henteu rumpakana mah.
 
Hiji Catetan
 
Geus lawas carita urang duaan,
Anu munggaran nitipkeun asih kaheman,
Teu laas sanajan mangsa geus lawas,
Kedalna lisan satia rek babarengan,
Harepan ngayunkeun ka mega malang,
Rek nyusul bentang laksana nyandingkeun bulan,
Mekarna kembang endah pangharepan,
Potret ingetan mukakeun hiji catetan,
Tapi kiwari ngan kuring anu ngageuri,
Cuang-cieung ngan sorangan,
Honcewang hate lalewang,
Nu miasih dipeupeurih,
Nu mitineung ditinggalkeun,
Teu sangka bet jalir jangji,
Ku harianeun,
 
 
Goletrak
 
Paingan atu paingan
Teu tebih ti sangka ati,
Gusti kagungan panyawat,
Panyawat nu langkung
Lantip,
 
Teu kaop lepat saeutik,
Gusti teh babari bendu,
Sarupi mundut lantaran,
Hoyong pisah duh sareng
Abdi,
 
Mun kitu mah,
Midamel pucuk ti
Girang
 
(Bah Siddik kantos peupeus hate kitu ?)
 
Tansah,
ZAM
----- Original Message -----
Sent: Saturday, March 05, 2005 8:28 AM
Subject: [Urang Sunda] Big order........!!!

Ngahaja nganggo subjek bahasa bule, ambeh disangki ngagandong virusss...!!!
 
Cing kanu sok rajin ngadon lod, kawih-kawih Sunda, manawi kagungan kawih Sunda heubeul dina wanda/versi kiliningan, sim abdi hoyong dikintun/japri kawih-kawih :
1. Ekek Paeh ;
    anu ngawitanana : Ekeeeekkk paehhhh, dinaaa aaaawiii, bangke nateh katuruban 
                               kibangbayang, kapiiiinis nu nyengceurikan, walet anu maracokan..
 
2. Goletrak ;
    anu ngawitanana : Paingan atuh paiiingan, teu teubih tisangkaaaa atiiii,
                               gusti teh kagungan panyawat...........
 
3. Hiji Catetan ;
    anu ngawitanana : Geueusss lawasss carita urang duaannnn
                                anu munggaran...............................
 
4. ..................... (hilap deui judulna)
   anu ngawitanana : Sajaaaaarah katukang, dipapay ku ciptaaan...
                               jadi panglamunan, kasawang ka pikir...
                               dina alam jaya ... duuuhhh sarerea.........
 
Teu langkung bade sakaligus opat-opatna, atanapi hiji-hiji oge teu sawios-wios....
Hatur nuhun sateuacanna..
 
Pihatur
 
ssw




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke