Ceuk kuring:
1. Mun parahu urang ngan tikalebuh hungkul mah meureun tatangga ge mun teu nulungan paling ge cicing, tapi kulantaran kalakuan urangna oge teu bener keur mah tikelebuh kalah papaseaan sorangan, atuh jadi tatangga teh waranian ngagorogotan parahu urang;
2. Kunaon nagara tatangga oge amerika wani ngaganggu urang teh da memang kaayaan urang nu "semrawut", meureun Malaysia jeung Singapore ge geus ngitung Diplomat urang mah "macan kertas" da teu dibeking ku TNI nu kuat. Spek pesawat Sukhoi oge F-16 nu urang pan leuwih handap tibatan nu Malaysia jeung Singapore (padahal cenah meulina leuwih mahal!!). Atuh dina mereskeun masalah da urang mah teu anggeus-anggeus, kai golondongan, taneuh/keusik, GAM, korupsi terus we meakeun energi bari teu anggeus-anggeus.
3. Khusus keur Malaysia beuki sumanget da Sipadan-Ligitan geus gol. Ngan dina masalah ayeuna mah duka merhetangkeun henteu sentimen ti masarakat urang nu ayeuna mah tareuas. Kahiji, wilayah nu diributkeun teh diyakinan lemah cai urang ti saprak urang merdeka. Kadua teu saeutik nu ngarasa dihianatan ku nagara2 tatangga, urang keur tikelebuh tapi lain nulungan malah ngarewong mun teu disebut mah rek ngabegal. Ku kaayaan urang keur digencet masalah-masalah, bisa jadi sentimen bisa kawas bangsa Jerman baheula nu jadi kompak/solid. Tah mun geus kitu mah Ganyang Malaysia teh pantona geus muka.
4. Keur ka Singapore oge sarua pisan sentimen bangsa urang geus kana hulu alatan ngeles bae dina nyieun "pernjanjian ekstradisi" keur maling/investor, ditambah deui manehna rek babadamian wates nagara sabab ayeuna pulauna geus leuwih lega (oge kulantaran urang nu ngajualan taneuh/keusik).
Palajaran ti kasus ayeuna:
1. Urang loba nyieun kasalahan sorangan dina "berbangsa", nu resep meakeun energi papaseaan sorangan, teu disiplin;
2. Ayeuna mah kaciri "karakter" asli tatangga teh, Malaysia, Singapore, Australia, jeung tatangga jauh Amerika.....lain tatangga keur sosobatan!
3. Jadi bukti yen diri urang kudu kuat dina sagala widang sabab mun henteu sakumaha nu diguar balarea: Control your destiny, or someone else will.
salam
Jalak Pakuan
(kasus ieu asa hade keur pieunteungeun urang sunda)
MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Upama dititenan nagara sarumpun "malaysia", asa rada
minculak tah para pamingpina teh. Pedah eta meureun
waktu "kasus" Sipadan jeung Ligitan dimeunangkeun ku
Mahkamah Internasinal, asa di angin luhur "atas
angin". Katurug-turug kasus TKI liar, Indonesia anu
"ngadeuheus" ka Malaysia, menta sangkan aya
kalonggaran kawijakan.
Teuing rarasaan wae atawa memang sabenerna, saprak
Indonesia "tijungkalik" dina widang ekonomi taun 1998,
asana teh nagara deungeun jeung sabagian leutik urang
Indonesia "teu pati" ngajenan deui kana kadaulatan
NKRI. Siga kasus kai liar (ilegal Loging), pan eta
lamun ditalungtik teh muarana teu ngajenan kadaulatan
NKRI.
Padahal Abdullah Badawi teh kaasup pamingpin anu cukup
santun (ceuk kuring mah dibanding Mahatir). Sigana wae
aya jalma-jalma sakuriling Badawi anu ngahaja nguseup
di cai kiruh. Ari ceuk kuring mah, karugian
non-materil (jangka panjang) bakal leuwih gede batan
kauntungan tina konsesi ngala minyak di Ambalat.
Jigana ieu hiji contoh, kawijakan heureut anu ngan
mikirkeun kauntungan (material) "Sesaat".
Maranehanana (urang Malaysia) teu mikirkeun, hutang
budi anu dibere ku bangsa Indonesia, jaman taun 60 an
jeung 70 an, para pamuda jeung mahasiswa malaysia
"tolab ilmi" ka Indonesia jeung guru-guru Indonesia
ngajar ka Malaysia. (kuring masih inget, taun 1974
guru matematika kuring di STM Pembangunan Jakarta,
ngalaksanakeun misi ngajar matematika ka Malaysia,
padahal guru eta teh kaasup favorit dina cara
ngajarna).
Tah kumaha komentarna urang Malyasia, kamana yeuh Kang
Ruslee Kartawi? Sieuneun dikomentaran siga kasus TKI
tea meureun nya? Tenang wae kang Ruslee, kita mah di
Kusnet cuma "garang" dalam hal kata-kata saja, tapi
hati dan kepala mah tetap dingin. Sebab kasus Ambalat
dan TKI mah pamarentah yang punya urusan, karena
memang orang pemerintah diberi gaji buat ngurusan
hal-hal yang begituan.
baktos,
mrachmatrawyani
--- "Sumarna, Nana" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> rebutan blok ambalat anu seueur kandungan minyak na
> teh lilis....
>
> nana
__________________________________
Celebrate Yahoo!'s 10th Birthday!
Yahoo! Netrospective: 100 Moments of the Web
http://birthday.yahoo.com/netrospective/
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Celebrate Yahoo!'s 10th Birthday!
Yahoo! Netrospective: 100 Moments of the Web
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

