Aeh Abah, rupina teu kairingkeun massage forwarded-na. Ka Kang Ikmal, mugi kersa ngintunkeun ka milist ngeunaan  "100 Spesies Tanaman Obat Dimanfaatkan untuk OAI". Mangga diantos.
 
Leres Abah, seueur pisan kabeungharan tutuwuhan urang anu rupi-rupi manfaatna. Ti ngawitan jujukutan, kalebet awi si jukut raksasana, dugi ka bubuahan, beubeutian, oge nu sanesna. Kituna teh tangtu bae, kulantaran taneuh urang kacida suburna.  Di sagigireun ti eta, kulantaran di wewengkon urang seueur tempat-tempat anu spesific, boh kaayaan taneuhna atawa iklimna, seueur flora urang teh anu sifatna langka atawa endemis, alias di sadunya ukur aya di eta patempatan. Pepelakan anu langka atawa endemis kalintang ageung gunana.
 
Ceuk beja, dina awi leuweung atawa Koreas tea, aya ubar kasakit batuginjal. Di Gn. Papandayan aya bakteri bahan kanggo ngalemeskeun kulit. Teu acan bangsa kokonengan, jsb. Namung, naon anu kaalaman Brazil, sakedik-seueurna tos kaalaman oge ku urang, Bah. 
 
Numutkeun Kang Yaya, manggis teh tiasa disebatkeun tanaman keras khas urang. Namung, puseur panalungtikan manggis panggedena sadunya mah ayana di Thailand. Kemang, buah asli ti wewengkon Bogor, sigana keur aktif ditalungtik ku bangsa sejen. Bakteri anu di luhur Gn. Papandayan tadi tos ditalungtik tur diulik janten teknologi ngalemeskeun kulit ku urang Jepang. Korea keur ambisi jadi puseur panalungtikan koneng-konengan panggedena sadunya.
 
Kumaha atuh nya Abah, ketak urang saterasna? Ieu geuining kabuyutan teh geus nungtutan diringkid elmuna ku seler sejen? Bade diarantep bae?
 
Baktos,
manAR
 


Joe Ragan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
====

Mama ManAr,

Teu aya attachment-na.

----

Tah kade wae soal "tanaman obat" asli US teh ulah nepi jiga contoh dihandap.

====

Kabejakeun yen di Brazil,di leuweung geledegan kapanggih aya "tanaman obat". Cenah mah "tanaman obat" ieu teh kanggo ngalandongan panyakit kanker.

Ti Amrik dikirim ahli-ahli obat nu disponsor ku Pausahaan Pharmacy nu pang ageungna di Amrik, boa di dunia.

Di lab dibuktoskeun yen "tanaman obat" teh leres tiasa ngalandongan panayakit kanker. Nya pausahaan eta meuli hak "patent" jang ngolah "tanaman obat" eta ti Pamarentah Brazil. Malah ngadegkeun kantor penyelidikan di Brazil.

Sataun dua taun bet euweuh dipasaran obat eta teh. Ari PR pausahaan eta mah ngumumkeun yen process tina tanaman ngajadiekun kana pil obat merlukeun waktu nu rada lila.

Ari pek teh aya warta yen kabeh dokumentasi soal "tanaman obat" teh dikonci di brankas pausahaan malah disegel sagala.

Produksi pausahaan "obat pil" nu ceuk maranehann ....."ngabantu"....... nyageurkeun  panyakit kanker, tetep wae diproduksi.

Tah kade nu kieu teh,nu disebut sebut ..gombalisasi..eeeh..globalisasi tea.

Globalisasi mah kedok anyar kolonialisme abad ayeuna. Ngan nguntungkeun negara-negara industri nu geus naju.

Boa engke kahareup, mun aya US di Desa nyieun "beas kencur" ( beas jeung kencurna diolah ku waos biangna)jang ngubaran budak anu tijalikeuh, kudu mayar royalty ka pausahaan raksasa pharmacy di Swiss meureun atawa di Jerman  atawa di Amrik. Nya mun eta "beas kencur" dipatent-keun ku marenahanana.

Meureun geus waktuna, obat-obatan karuhun urang, hiji-hiji kudu di-patent-keun.

Tempe wae patent-na nu boga pausahaan Jepang. Kumaha mun tumis leunca jeung oncom patent-na dobogaan ku urang Amrik. Padahal marenahana mah jajauheun bakal jadi katuangan sapo-poe. Tapi nagara nu pendudukna 230 juta, US we geus 40 juta. Pasti tumis leunca baka laku. Komo mun "kemasan"-na "menarik" jiga product Luar Nagrek.

Pabrik di nagara urang kudu mayar royalty mun arek ngaprodusir tumis leunca. Padahl leunca-leunca urang, oncom-oncom urang, coet-coet urang, nu digawe-na urang-urang keneh. Nu meunang duitna urang Amrik, "ongkang-ongkang kaki".

Kade "demokrasi", "globalisasi", Trade Pact,Pasar Bursa, Free Trade, Patent, kabeh ge karanganan marenahanana. Tangtuna ge nu diteangan nya kauntungan jang marenahanan oge. Saenyana mah bohong alias nipu.

Bener oge..Bung Hatta....nu cocok jang urang mah "koperasi". Tapi kanyataanna "koperasi" teh cuck nu gede jang kapitalisme, matakna diurang diantep sin apaeh sorangan. Mantri Perdagangan RI saha nya ???

Bahan pikiraneun jang US nu ngarora, pangpangan SH- SH. Aya pagawean anyar salain ti LSM. Sh-SH ulah hilap goreng peda di-patent-keun. ( Si Abah poho deui, biasana mah peda teh dituang jeung ..peuteuy tapi aralit, naonnya namina teh ?)



Abah Joe



           
---------------------------------
Celebrate Yahoo!'s 10th Birthday!
Yahoo! Netrospective: 100 Moments of the Web

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya.




Celebrate Yahoo!'s 10th Birthday!
Yahoo! Netrospective: 100 Moments of the Web

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke