Nengetan kaayaan ayeuna. heueuh bangsa urang keur rada pagetreng jeung dulur misan urang, Malaysia.
Asa Kabeneran kuring teh karek anggeus maca buku Perang Eropa I, terus basa peuting nonton film pearl Harbour. Kuring Inget dina Al-Quran Allah nyarita, yen kajayaan teh di gilirkeun ka unggal bangsa. sakali sewang ngasaan jaya. Dina buku Perang Eropa I nyaritakeun lalakon perang Hitler & Musollini ngalawan Churcill, stallin, jeung Roosevelt. Mimitinamah jerman meunang heula, Bliztkrieg, Serangan kilat ngadatangkeun hasil anu nyugemakeun. polandia, perancis, jeung nagara sabudeureun jerman, taluk dina waktu anu singket. pon kitu deui di Afrika kaler, Rommel, si Careuh Gurun, bisa maju satapak-satapak ti aljazair ngadekeutan mesir. tujuanna, ngusir ingris ti mesir, terus ngawasa terusan suez. Di atlantik, kapal-kapal selam U-boat jerman, jadi ajag laut, anu nekuk sasaran empuk, kapal-kapal dagang jeung barang bogana sekutu, ingris saparakanca. Sanajan dina akhirna mah, jerman teh eleh. mun maca eta buku, urang bisa nyokot palajaran anu leuwih ti anu ditulis dina eta buku, taktik perang, politik, budaya, nilei kamanusaan, semangat nasionalisme, jeung loba deui. jadi saran kuring mah, baca eta buku.*** Film Pearl Harbour, carita cintana matak kasuat-suat, :). tapi leuwih ti eta, dina eta Film, ngajarkaeun ka barudak ngora ngeunaan sumanget patriotik, bela bangsa jeung nagara. dina film eta digambarkeun pilot-pilot jepang anu nyerang pearl harbour - tapi teu garepkeun balik deui -, lolobanamah budak ngora belekesenteng. oge dipihak amerika, nyaritakeun dua pilot ngora keneh, anu pinuh ku sumanget tur idealisme. terus hiji deui ngenaan film pearl harbour, anu ceuk kuringmah strategi anu alus pisan pikeun urang amerika, anu nyoba ngabalikkeun sejarah -sahanteuna dina pikiran urang amerika keneh, sukur sukur sakabeh anu nonton film- yen amerika teh tara nyeureud mun teu diganggu, jeung deui menangan. cik titenan unggal film-film amerika anu nyaritakeun peperangan, anu manehna eleh, saperti di Vietnam, atawa di pearl harbour. maranehna nunjukkeun manehna meunang, manehna superior.*** Tah anu ayeuna berkembang di urang, timbul stereotip yen bangsa urang, -indonesia we lah, da urang sunda ge kaasup-, bangsa urang teh bangsa lemah, loba hutang, teu bisa mere dahar rahayatna, nepi ka dititipkeun da dulur misan, nyatana malaysia, sina di bere dahar. pokonamah, loba we lah kakurangan-kakurangan anu aya di bangsa urang teh. sacara sadar atawa heunteu pola pikir inferior saperti ieu teh geus nanceb dina pikiran urang. Tah ayeuna, anggap urang kabeh sumanget rek perang. urang -secara individu- bisa naon ??? wajar urang jerman baheula jaman hitler hayang ngawasa dunya, da maranehna boga sifat anu alus, diantarana, tahan penderitaan, kuat, taliti, pinter. maranehna bisa nyieun "Bismarck" jeung "Tirpitz", dua kapal perang pang gedena saalam dunya harita, anu dijieun tina waja anu kandelna 20cm. cing urang boga naon, cocolek apu...... wajar mun jepang wani ka amerika, ngamimitian nyerang pearl harbour, maranehna ngabogaan sumanget jeng kahormatan, dibuktikeun ku "Kamikaze". cing ayeuna urang, daek teu ninggalkeun pamajikan, budak jeung indung bapa..... Ku kituna, baraya, dalah kuring ge wani gelut mah, hayoh, urang nyekel sabuk milang tatu, tega lara tega pati. moal mundur satunjang beas. maklum budak ngora...he..he..he. tapi memeh prung na gelut.. mun bisamah di pikir sing asak, dibeuweung diutahkeun, bisi melengkung bekas nyalahan. jeung anu teu eleh penting, saha anu rek digelutan teh ? da ceuk pamanggih kuring mah, urang teh diadukeun. papada urang Nagara sunda (tinggali peta jaman baheula), kulit na sarua, ngomongna meh sarua. malah agama ge lolobanamah sarua papada urang islam. ari ceuk kuringmah, keun saayeunaeun mah, urang siap-siap. boh mental, boh pisik, kaelmuan ulah poho. sabab, bisi, engke musuh nu sabenerna datang, urang teu kaget teuing. dina buku Perang Eropa I ditulis sababaraha kali, paktor anu gede pangaruhna dina kaberhasilan serangan teh, nyaeta paktor "SURPRISE". dadakan, teu disangka ti anggalna. sakitu heula ti kuring. bisi loba salahna, kuring menta dihampura. budak ngora ieuh atuh, sok getas harupateun. he..he..he "MUN SIEUN TONG WANI-WANI" "MUN WANI TONG SIEUN-SIEUN" ***Ti Gunung Cikuray*** ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Give underprivileged students the materials they need to learn. Bring education to life by funding a specific classroom project. http://us.click.yahoo.com/4F6XtA/_WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

