Hatur nuhun kang Oman, salira tos kersa janten
mediator sareng kasepuhan. Janten cukang pikeun
kalancaran garapan TQBS hususna, umumna mah tangtos
kanggo mulungan luang bagbagan elmuning basa Sunda.
Hehehe, asa serius teuing nya. Sanajan dimimitian ku
jurus nekad, seja diajar basa Sunda ku jalan
narjamahkeun tarjamah Al-Quran kenging Depag, geuning
responna pikagumbiraeun. Malahan direspon sakitu saena
ku pangersa Abah Surya, mandahong kasundaan.

Patarosan salira, TQBS teh ditujukeun kanggo saha,
rupina kuring sapuk sareng pamadegan salira. Tujuan
utamana mah seja nyadiakeun bahan bacaan basa dina
basa Sunda, pikeun bacaeun balarea, nu tiasa di akses
kalawan online. Upama ditilik segmen nu maca, jigana
kacida homogenna, pangpangna dina hal kasang tukang
atikan. Kumargi kitu, kira-kira eta TQBS teh
ditujukeun kanggo balarea dina sagala tingkatan umur,
kitu deui atikan. 

Salam,
MH

--- oman abdurrahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Wa'alaikum salam,
>  
> Poe saptu anu karek ngaliwat, kaparengkeun oge
> tepung sareng abah Surya di bumina. Bahan-bahan
> hasil print TQBS anu geus rengse teh parantos
> disanggakeun ka anjeunna, sakalian si kuring
> sorangan jeung atas nami dulur sadaya, khususna anu
> pancen di TQBS, minangsaraya ka abah, nyuhunkeun
> dipandamelkeun tips basa Sunda keur TQBS. Upamana
> bae, ngeunaan larapan sababaraha rupa dhomir dina
> basa Sunda (aya: kaula, kami, kuring; andika,
> anjeun, maneh; manehna, inyana; jrrd).  Abah teh
> nyuhunkeun waktu, bade digarap daria, saurna. Urang
> antosan bae.
>  
> Di sagigireun ti eta, abah oge naroskeun atawa
> nalatahan perkara TQBS tea, rek ditujukeun pikeun
> saha?, saurna. Ieu patarosan abah penting dicirian,
> sabab pikeun ka saha nya ditujukeunana TQBS eta
> baris nangtukeun wanda tarjamahanana. Sakumaha
> kungsi dicaritakeun dina Tips anu geus ditepikeun,
> narjamahkeun teh enas-enasna-dina sababaraha
> ayat-moal leupas tina nafsirkeun oge. Upamana,
> Nurhidayahan eta wandana tarjamahan keur pupuh. Atuh
> Nurul Hikmah - ku sabab nadoman keur barudak
> tea-fokusna teh kana basa (tarjamah/tafsir) anu
> basajan anu gancang kaharti ku barudak.
>  
> Jawaban si kuring saheulaanan: TQBS ngaguluyur bae
> minangka narjamahkeun tarjamahan Al-Qur'an versi
> Depag RI, kalawan upama aya pamendak pribadi, boh
> nyutat ti tafsir nu sanes atawa bener-bener tina
> pamendakna dumasar gramatika basa arab tea, ti anu
> narjamahkeunana, eta baris diringkel keun ina
> catatan kaki. Atawa sabalikna? tarjamahan anu
> kapilih diheulakeun kalawan tarjamahan ti Depag
> diserat dina catetan kakina? Mangga teu langkung,
> kumaha sapukna sadayana.
>  
> Baktos,
> manAR 


dapur: http://free.angeltowns.com/studio579/

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Help save the life of a child.  Support St. Jude Children's Research Hospital's
'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke