Baraya,
 
Kahaturkeun ieu pupuh sekar ageung, anu oge mangrupikeun saritilawah al-Qur'an, kenging nyutat tina Nurhidayahan, yasana Abah Surya tea. Teu aya sanes, minangka conto pikeun ngawanohkeun Nurhidayah:
 
Al-Fatihah
Surat Kahiji, 7 ayat
 
Kalayan Asma Alloh Nu Welas Asih
 
Lagu Papatet
1/I/:1/1, 2, 3, 4, 5. (pada kahiji, Juz kahiji, Surat kahiji, ayat 1 dugi ka 5)
 
Nyebat asma-Ning Nu Agung
Alloh Anu Welas Asih,
sembaheun saalam dunya,
puja-puji mung ka Gusti,
Nu Heman taya kendatna,
Hakim di Yaomil Ahir,
ka Alloh abdi sumembah,
neda pitulung pangjaring
 
2/I/:1/6, 7.
Mugi maparin pituduh,
kana jalan rido Gusti,
jalan lempeng tur iman,
nu pinuh ku rahmat Gusti,
nyaeta jalan nu iman,
sanes jalan nu kalapir,
anggang ti lampah nu sasab,
lampah nu dibendon Gusti.
 
Kalayan Asma Alloh Nu Welas Asih
 
Pupuh Sinom
 
1/I/:2/1
Alif Laam Miim awal ayat,
mung Alloh Maha Tingali,
dupi Qur'an sayaktosna,
eusina teu hamham deui,
pituduh nu kumelip,
tumut dawuhan Nu Agung,
ari jalma nu tarakwa,
nu percaya ka anu gaib,
sarta tuhu solatna teh tara pegat.
 
2/I/:2/2, 3, 4
Sarta jelema nu iman,
ngamangfaatkeunana rijki,
mere maweh ka sasama,
rijki paparin Ilahi,
jeung percaya tur yakin,
kana sugri kitab luhung,
Qur'an jeung nu samemehna,
tur yakin jeroning ati,
yen dirina bakal hirup di akherat
 
cag heula.
 
Baktos,
manAR
 
 


Celebrate Yahoo!'s 10th Birthday!
Yahoo! Netrospective: 100 Moments of the Web

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke