Rukem mah di lubuk pakam (sumatera utara) oge aya kang...
sapertos leunca, kapungkur aya nu nyaurkeun mung aya di sunda wungkul.. ari abdi pas ka pakanbaru oge awaktu ka padang, aya oge leunca, duka ketah ari nu melakna urang sunda nu ngumbara di ditu mah..
Ikmal <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamu'alaikum Wr Wb....
baraya damang nun?
kapungkur nuju alit di sawah atanapi di kebon aya bubuahan anu rada aheng...
sapertos GELEDOG, eta buah teh siga naon nya? hilap deui, mung nu emut
keneh teh yeun buah na teh kelirna koneng enay, haseum na kabina bina,
matak burial bucelik sagegel oge, sareng deuih pami tos ngegel geledog
mah waos teh sok marakbak ....koneng :-)
aya deui nu disebat RUKEM, rukem mah tangkalna ciga lolobi ngan cucukan,
buahna ge sapertos lolobi mung rada amis (pami teu lepat mah). saur na
teh RUKEM teh salah sahiji tutuwuhan nu ngan aya di tatar sunda/ slah
sahiji keanekaragaman hayati, leres ta teh?t
ah ayeuna mah abdi tos lami/ mang alam-alam teu mendakan GELEDOG sareng
RUKEM, aya baraya anu gaduh tangkal atanapi buah na, komo buahna mah,
sugan atuh aya tiasa ngalungkeun eta buah pang-pang na rukem,
sakontainer weh!! ;-) , moal nolak da, pami geledog mah tong seueur
teuing 2 siki ge tos cekap, da hasyeem pisan.
hatur nuhun,
salam baktos,
ikmal (nuju hoyong rukem)
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

