Sapuk kang Waluya,
Tiasa oge ditambahan, pangaruh budaya Jawa kana kabudayaan Indonesia sagemblengna, nyaeta budaya korup, feodalisme, sareng sinkritisme agama (kejawen tea), oge dominasi kabudayaan upama maranehna geus nyangking kakawasaan. Buktina sakitu nghunyudna. Conto korup: salila pamarentahan orba, sakitu geus kasaksianana ku urang sadaya. Feodalisme: dina kultur pamarentahan oge kamsyarakatan sapopoe sakitu nembrakna. Sinkritisme: agama sanes dikandelan ku budayana, namung di-"campuraduk"keun jeung budayana, dugi ka aya istilah "Islam Kejawen". Dominasi kabudayaan: tingali bae, upami anu ngawasana ti Jawa, tepi ka ngaran-ngaran jeung tipe wangunan oge khas Jawa. Nepi ka masjid-masjidna anu kenging yayasan dana amal muslim pancasila tea, upamana. Di dinya oge kalebet seni anu ngadominasi. Kalebet dominasi kabudayaan: dina ngadegkeun bukti2 sajarah, ukur sajarah perjuangan seler manehna bae. Ngaran-ngaran jalan2 protokol saindonesia, upamana, kudu dieusian ku ngaran-ngaran pahlawan orba, pedah bae lolobana ti seler manehna. Serangan 6 jam di Jogya sakitu dipupustina, tepi ka diadegkeun monumenna. Bakat ku bingung keur ngeusian eta monumen, hiji waktu pa Ato nanya ka bojona:"Eusian ku naon deui nya monumen 6 jam di jogya teh?". "Nya atuh ari geus teu aya deui eusikeuneun mah, simpenan bae ku cd sareng kaos kutang anu dianggo harita ku mas, waktu nyerang jogja tea", ceuk bojona alm. Hehehe...hapunten, siga anu meupeus keuyang. Hapunten, teu kudu kitu sabenerna mah, eta mah bane bae dina alam kakiwarian masih keneh aya anu boga polah model manehna anu ngusik2 macan turu, wanoja Sunda tea. Siga-siga anu teu apal, yen alam ayeuna, loba seler jawa anu nikah ka seler sejen, kalebet ka seler Sunda. Eta mah upama urang bade nuturkeun pola maranehna anu ukur nataan kagorengan seler sejen. Heunteu ditambahan bae, sakitu oge cekap minangka bantahan mah. Baktos, manAR --- In [email protected], "Waluya" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Baraya KUSNET sareng kisunda, kuring sabisa-bisa rek nyanggah > artikel dina Majalah "Male Emporium" (= Karajaan Jalu?") nu > judulna "Di Balik Kecantikan Wanita Sunda". Di ME online aya > forum keur ngadiskusikeun eusi majalah ME. Ku kuring rek > dipostingkeun kadinya. Tapi sateuacanana punten tulisan sanggahan > sim kuring dikoreksi atanapi ditambahan heula ku baraya. Kuring > nyebut heula "saya" henteu "kami", margi bilih baraya anu sanes > henteu sapagodos jeung eusi sanggahan sim kuring. > > Kanggo baraya member kisunda, artikelna ku kuring dilampirkeun > panghandapna. > > Baktos, > WALUYA > > =========================================== > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> DonorsChoose. A simple way to provide underprivileged children resources often lacking in public schools. Fund a student project in NYC/NC today! http://us.click.yahoo.com/5F6XtA/.WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

