Dijawabna ku basa Sunda bae nya... Tadi di auditorium Perpusnas aya bedah buku2 nu ngabahas Naskah Pangeran Wangsakerta (NW). Nu dibedah aya dua buku:
- Polemik NW, eusina kliping polemik kaaslian NW nu kungsi sumebar di rupa-rupa media massa, kenging Prof. Edi S. Ekajati - Sundakala, nu eusina mangrupa kliping jeung sabagian tina NW, utamana nu ngabahas sajarah Sunda/Tatar Sunda, kenging Prof. Ayatrohaedi. Ngabedahna dianteur ku Agus Arismunandar (arkeologi UI?), dimoderasi ku Hawe Setiawan. Eusi panglawungan, nya taya lian medar polemik nu kungsi lumangsung mangsa taun 1980-an jeung 2000-an. Yen polemik harita lain ukur dina tataran ilmiah, tapi make aya intrik sagala di satukangeunana (saur Pa Ayip). Ari saur Pa Edi mah, salaku nu ancrub guyang dina eta panalungtikan, hal ieu teu ieuh ngaganggu kana kagiatan anjeunna dina nalungtik eta naskah. Ditembrakkeun ka masarakat (nyitak jeung nyebarkeun transliterasi NW taun 80-an) taya lian pikeun ngawanohkeun ka masarakat, sangkan ditalungtik, boh otentisitas naskahna, atawa eusina. Pedaran Mang Ayat, teu pati jauh ti nu kungsi dipedar di Hotel Santika. Intina, nya talungtik bae naskahna sing bener, ngke ge kabukti asli/palsuna mah... Nalika baheula Pa Ayip kungsi diomongan yen adina geus nyieun naskah palsu, anjeunna ukur nyeungseurikeun, "pinter pisan atuh make bisa basa/aksara jawa buhun sagala", kitu meureun kurang leuwihna. Bah Ali Sastramidjaja ngomentaran ngeunaan pananggalan dina eta NW, sabab dina tungtung tulisan sok ditulis titimangsa anggeusna nulis eta naskah. Yen pananggalan dina NW sarua jeung kalender. Ngan, dina titimangsa anggeusna nulis aya nu ngaganjel, salah ceuk anjeunna mah. Dituliskeun "anggeus tanggal 14 suklapaksa bulan purnama jst", padahal sakuduna mah bulan purnama teh ragrag tanggal 17 suklapaksa. Mung sakitu asana mah, da acarana karasa heureut pisan. Oh enya, Pa Edi mungkas ku kalimah "bet sok salirik bae ka urang Sunda teh...". Teuing ka saha maksudna... Ti nu haladir (lian ti nu manggung), kuring ngan apal Pa Ayip Rosidi, Pa Ali Sastramidjaja (eta ge pedah bae anjeunna ngacung), Kang Maman Gantra (kang Tan2 siap2 ditelpon ku anjeunna, tadi ku uing dibere nomer HP), Teuku Jakob (? nempo ti tukang), jeung Teten Masduki. JK nyai, hampura duit beas kacoceng (deui) keur meuli buku... On Tue, 8 Mar 2005 23:51:55 -0800 (PST), etom ethom <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > ada apa yah klo boleh tau > di perpusnas teh ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.' http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

