Asep berlian, sobat kuring
babaturan ti jaman sma sampe sakola cap gajah depa , i te be

Asep, anak yatim piatu, tapi loba sesepuh nu nganggap anak ka maneh na
manehna miskin, tapi bisa kuliling dunia 
teu boga duit, tapi loba mojang geulis nu ngadatangan
keur ngumbara di australia, sempat boga kabogoh urang ditu
teu boga imah, tapi loba panto nu muka keur maneh na
teu bisa ngilu milis sunda, ku sabab teu boga duit jeung ka warnet

teu jadi kawin jeung si neng, anak jelma beunghar, saudagar ti garut
sabab teu boga duit, keur meuli mas kawin

( tapi Asep, teu ngagugat urang sunda beunghar , 
   nu tara inget ka dulur na nu miskin
   nu kalakuan na masih feodal keneh, 
   embung gaul, jeung urang sunda nu miskin )

mun daek mah , si Asep bisa wae , jadi jalma beunghar , loba duit
tapi maneh na, teu daek ngajual idealisme jeung katulusan hate na , 
ngeun ku saukur ku duit sagepok

Asep seniman serba bisa,  boh ngalukis, puisi, orasi atau ngabodor

keur demo2 mahasiswa di bandung, pasti urang manggihan si Asep keur 
orasi
Almarhum Harry Roesli , babaturan na, keur demo baheula, 
babarengan oge, ngajarkeun musik ka para pengamen jalanan

di laen waktos, urang bakal ngadangu 
manehna keur ngabodor , ngabaturan kang Ibing di radio Mara

di laen waktos si Asep, keur ulin di jelekong-ciparay
ngawangkong jeung anak incu Asep Sunandar Sunarya

( Asep masih baraya jauh abah Sunarya , 
matak oge bisa nirukeun suara dalang, khususna suara si Cepot )

pokok na mah, seniman sunda di bandung, 
pasti kenal lah ka si asep berlian mah

mun keur lieur ku kahirupan dunia , 
Asep ngumpul bari I'tikaf jeung ikhwan na di mesjid jama'ah tabligh 
di Antapani
atau ngaji ka majlis Ustad jalaludin Rahmat di kiaracondong

dumasar pangalaman kahirupan sadidinteun di bandung
sarta pergaulan sareng suku suku nu sanes , 
nu ngaramekeun bandung , nu memang dipikaresep ku batur

kang Asep ,bade ngabukukeun eta pangalamanana , 
dina buku nu dipasihan judul, " Urang sunda menggugat"
ngagugat batur, sarta ngagugat oge urang sunda sorangan (introspeksi )

geura hudang, urang sunda, tong he eus wae ,
ma enya nga gugat wae, teu wani ?


salam baktos

Alma wardi
batur ulin si Asep , sareundeuk jeung saigeul








------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Help save the life of a child.  Support St. Jude Children's Research Hospital's
'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke