Meugeus atuh nya, masing alakur deui. Enya kabudayaan mah jembar, masing urang Jawa atawa urang mana bae oge ari pola pikirna heunteu siga anu ngajejeleh seler deungeun mah nya dulur urang keneh. Sok komo upama budayana budaya urang anu dilarapkeun sapopoena mah, nya tunggal saseler. Keun anu nuju dipaju kalawan diluluguan ku Kang Waluya mah bane bae pikeun ngalaksanakeun hak jawab ti seler anu dijejeleh kaayaan wanojana anu heunteu stereotip siga ceuk anu ngamimitian nyieun pucuk ti girang.
 
Ngeunaan urang jawa anu di Tatar Sunda, kahayang mah enya kitu. Cik atuh hargaan budaya seler anu sapopoe inyana barangdahar, dumuk, jeung...mod...eh kacai ka leuwina. Hargaan sakumaha ceuk urang Padang mah (dina harti anu positif):"dimana bumi dipijak, disitu langit dijungjung". Ti antara seler-seler anu aya, ieu mah pangalaman pribadi, enya sigana seler wetan anu hese beleke ngabudaya jeung budaya wewengkon anu dicicinganana teh. Soal basa tea, contona. Tapi, tangtu bae, kituna teh teu kabeh. Siga Kang Nana jeung nu liana, loba oge anu gampang nyaluyukeun jeung budaya anu masyarakat anu ditempatan.
 
baktos,
manAR
 


Nana Tea <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Awas tah Kang Eki upami katingali kaluar ti warung BASO.
Teu jadi nya anti jawa-na
sabab baso mah asalna ti jawa.
Mani kitu si akang, abi oge urang jawa
Iseng oge ahh

eki kurnia <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Salam Ka baraya sadaya,
Alhamdulillahirrabil'alamin.
Allahumasholi'alaMuhammad waAliMuhammad.

Sumuhun, eta teh leres pisan,
paingan urang urang sumatera,utaminya urang aceh, teu resepen ka Jawa teh,
Simkunring oge asa di jajah urang jawa, panginten jawa singkatan tina "panjajah di bawa bawa"...he..he,
Karaos pisan waktos ngawitan kuliah di Bandung, eta bahasa pengantar sadidinten nu kuping basa jawa...naha di tanah sunda..bahasa basa jawa...pan aneh..?
Teras lulus kuliah..nyobian didamel di Instansi2 sohor di kota Bandung, geuningan seueur urang jawa, da kadangu teh bahasa deungeun deui2, deungen deui.
kitu deui sawaktos kasebelasan Bandung Raya, juara, geuningan pemain asing teh ngartos bahasa jawa...da puguh seueur pamaen ngangge bahasa jawa, padahal di Bandung eta teh..pan janten puyeng ka urang na teh.
Ngan rada bingah teh tos di Malasyia, jawa heunteu dominan, kadang disebatna oge " jawa murtad".
sareng sering ka dangu( ka kuping)..he..he, di Malaysia, kata-kata nu asalna di tatar sunda, misalna.
Awek (Awewe)
Budak (barudak)
Ujang (si Ujang)
jeungsajabana,
....Hapunten..ah..ieu mah iseng wae.

           
---------------------------------
Do you Yahoo!?
Yahoo! Small Business - Try our new resources site!

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya.




Do you Yahoo!?
Yahoo! Small Business - Try our new resources site!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke