Saur saha langkung abot ibu rumah tanggi neng Pupi....? Puguh wanita karier dobble dua, nya urusan kantor nya urusan rumah tanggi sadaya di tanggung ku nyalira, saparantos di beres di kantor teras kapasar, sonten masak...wengi beberes jeng sajabina.
Janten teu tiasa di sebat langkung abot ibu rumah tanggi, da saleresna padamelan ibu rumahtanggi oge kalebet wanita karier sapertos ngawulaan ka caroge dugi ka sukses , ngadidik murangkalih dugi ka  berhasil lahir sinareng batin. Tah anu kieu ibu rumah tanggi anu berkarier ngamajeungkeun kulawargina.
Anu di sebat wanita karier sanes bae wanita anu sukses di kantoran, tapi oge wanita rumah tanggi anu janten sabab caroge sareng murangkalihna cageur, bageur, bener pinter....
Cag..ah.
 
Baktos
 
teh tien
(janten wanita karier langkung ni'mat)

kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Satujuuuuu.........

Hidup pamajikan uing!!! Hidup pamajikan uing!!!

Heuheu, tah ieu hiji deui poin nu kudu dipikiran mun rek nyebutkeun
wanoja nu teu digawe (formal di luar) alias ibu rumah tangga teh. Teu
di gawe di kantoran teu ngandung harti pangedulan, tapi orientasi
jeung pilihan prioritas nu ngaheulakeun pentingna ngokolakeun/ngarawat
rumah tangga.


On Thu, 10 Mar 2005 04:19:54 -0000, Mpup <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>
> Naha kunaon ari ibu rumah tangga bet teu disebut wanita karier?
> Kunaon ari pagawean di imah samodel masak, nyeuseuh, ngepel, beberes,
> jeung ngerjakeun sagala rupa pagawean imah teu disebut digawe?? Apan
> sarua eta oge pagawean sapopoe nu kudu dibereskeun. Malah ceuk kuring
> mah leuwih mulia pagawean ibu rumah tangga nu sagala ku anjeun, bari
> mun geus boga budak, kaurus budak dina sagala rupana..
> Tapi naha pagawean nu dilakukeun ku pamajikan nu teu digawe
> dikantoran, atawa jadi naon jadi naon lain disebut pagawean? Malah
> leuwih beurat ibu rumah tangga atuh dibandingkeun wanita karier nu
> digawe dikantoran mah..


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Do you Yahoo!?
Yahoo! Small Business - Try our new resources site!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke