Perkawis wadah pikeun nembrakkeun "Pusaka Sunda" di jajalaneun atawa
Internet, di Wikimedia urang tiasa ngamangaatkeun Wikisource, nu husus
nyadiakeun rohangan pikeun buku/naskah umum/bebas tina hak cipta,
sakumaha urang ayeuna tiasa maca, misalna, Tembang Genjlong Garut,
jeung sababaraha judul sejenna dina rohangan eta.

Dina rohangan eta, kungsi oge dilalanyahan nyusun Qur'an (tarjamah
Sunda). Ku sabab ka beh dieunakeun karasa pisan pinuh ku katuna, nya
mandeg. Nungguan Ki Hasan saparakanca bae, hehe...


On Fri, 11 Mar 2005 01:30:24 -0800 (PST), Ki Hasan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> Haturan Kang Oman, Kang Ganjar, sareng Kang Rudi
> 
> Hehehe, meunang order jadi pimpro euy. Keun wae najan
> proyek "thank-you-ware" oge nya. Kieu wae atuh,
> sementara keun sina di-scan ku Kang Rudi. Kanggo
> proses salajengna, tiasa sambil jalan. Insya Allah si
> kuring syogi ngabantuan. Upama aya kasaluyuan, kuring
> aya tips sakedik perkara "scan menyecan". Keun we
> engke dijaprikeun.
> 
> Tah ayeuna mah kuring rek ngadongeng pamanggih kuring
> pikeun Poesaka Soenda tea. Jigana eta bahan teh
> langkung sae upama dipublikasikeun di Internet supaya
> tiasa diakses ku balarea. Tiasa wae engke di studio579
> ditambihan tumbu ka Poesaka Soenda. Atawa di Urang
> Sunda, Ki Sunda, oge Wikipedia Sunda. Nu penting
> ayeuna mah jigana mangsana nyadiakeun bahanna wae
> heula. Ngolahna mah tiasa sambil jalan. Kira-kira jiga
> ngurus  "Rusdi jeung Misnem" sarta TQBS.


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give underprivileged students the materials they need to learn. 
Bring education to life by funding a specific classroom project.
http://us.click.yahoo.com/4F6XtA/_WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke