Kalayan asma Alloh anu Maha Welas, Anu Maha Asih,
 
Haturan Kang Rudy,
 
Hatur nuhun parantos kersan ngintun "Kasepuhan". Bingah amarwata suta, bagja kumayangan, salira parantos kersa nyalin ete titinggal anu kalintang ageung ajenna. Sarantos sakedap, anu tilu kantetan kikintunan teh teu acan dibukaan, maklum kasiwer ku hareugeueun, pakupis ku cicing; katurug-turug internet di kantor geus sababaraha poe rada ngadat. Anapon ieu mairan teh migunakeun internet anu di warnet (hehehe....belaan ka warnet nya....muga-muga bae aya manfaatna).
 
Mairan badaratna bae ieu mah. Anu utamina, mugi heunteu rempan, muga ulah ham-ham; bral paju, teruskeun hanca anu enggeus dibaladah. Seug Kang Rudy, diantosan kintunan saterasna tina panyalin ngeunaan kasepuhan tea. Sanajan tacan diilo anu parantos dikintunkeun, si kuring yakin, eta karya teh pantes pisan upama dipidangkeun ka sugri dulur sadaya, di milist-milist kasundaan. 
 
Ngeunaan Sunda geus Islam ti baheula atawa sabalikna...nyakseni, di ieu milist parantos seueur anu ngaguar iber sarupa kitu. Atuh ayeuna diteraskeun deui dina jejer kasepuhan, kalintang bingahna. Mangga lajeungkeun.
 
Kungsi aya posting di milist ieu, ngeunaan tafsir carita rakyat anu mashur di sabagean masyarakat US, patepung lawungna Kean Santang sareng Syaidina Ali.  Cenah eta teh samangsa kalawan duanana sacara waruga kasar (kalawan hipotesa Kean Santang anu ieu teh nami salah saurang raja Sunda dina abad ka 6-7 M, samangsa sareng jumenengna Syaidina Ali).  Nya ditalatahan sangkan agama anu dipraktekkeun teh agama anu mupujuhkeun dimensi sosial tea, da ari bebeneran ageman hirup mah papada boga, geus aya tidtuna jeung geus luyu ku anu disampurnakeun ku Nabi panganggeusan s.a.w. Nya disimbolan ku nyieun talaga tea, Situ Lengkong anu manfaat tepi ka ayeuna pikeun masyarakat sabudeureunana jeung wewengkon sejenna.
 
Anging Alloh uninga benerna, ieu mah darma narekahan sangkan carita rakyat teh operasional, sangkan "pakena gawe rahayu, pakeun heubeul jaya di bhuana" jeung "pakena gawe rahayu, pakeun tanjeur di juritan". Da moal aya anggeusna parebut bebeneran terus-terusan mah, bari heunteu prung digarawe.
 
Atuh upama disebutkeun yen eta teh geus aya ti samemeh abad 6 M oge mungkin bae, apan ceuk hiji buku oge, agama-agama gede di dunia sumberna sarua, ngajanggelek dina impenan anu lain saimpen-impenana, maparinan pitiduh keur masyarakat manusa dina mangsa sewang-sewangan.
 
Bade disebat impor atawa heunteu eta agama anu kaceluk, faktana anu nganutna di TS seueur pisan, da nya kasebat agama anu dominan. Atuh pon kitu deui, anu ceuk cenah, asli tea, nyakseni oge aya dikieuna. Anu kapigandrung siang-wengi, na matak naon upama diantara sadayana US teh sauyunan, satepak saigelan dina raraga "pakena gawe rahayu, pakeun heubeul jaya di bhuana" jeung   "pakena gawe rahayu, pakeun tanjeur di juritan".
 
Dimensi sosial.....da agama teh sakabehna, mimitina mah kitu, diturunkeun ti anu Maha Luhur, pikeun masyarakat manusa. Sakumaha Al Qur'an anu dimimitian ku asma Alloh tur dipungkas ku kecap "masyarakat manusa" (An Naas). Teu aya sanes, pikeun katengtreman hirup kumbuh, sangkan dimensi sosial anu jadi puseur perhatian utamana. Nya saupama ieu anu jadi pamisahna, tetenggerna, sigana heunteu kudu aya pagedrug alatan beda ageman.
 
Cag....bilih seueur teuing ngacaprukna, hapunten bilih seueur salahna.
 
Baktos,
manAR   
 

Rudy Setiawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
*********************************
Kalayan asma Alloh!

Haturan baraya babakan!

.....minangka na mah, ieu teh saukur bati tina mangsa
kuring cuti kamari. Layang (buku ipis kituh???)ieu,
dipaparinkeun ka sim kuring ku kajembaran pun mamang
******. Ti anjeuna pisan kuring meunang bati, bati
gede basa cuti kamari, teu nyana teu sangka, kasundaan
nu diadumanisna jeung agama islam teh geus aya tiditu
mula saacan pajajaran ngadeg oge!
".....urang mah 'Di(ngabasakeun ka kuring) ... geus
islami ti beh ditukeun mula teh!, mungguhing urang mah
dimana-mana ge bakal ditarima kusasaha, komo urang
sunda pituin nu can ruksak mah, tekah polana teh
dipastikeun islami, ku kituna karuhun-karuhun urang
mah baheula keur islam datang teu hese narimakeunana
teh, da kapan geus islami tea urang na....", eta
sapotong obrolan ti pun mamang nu masih nempel dina
uteuk. Kasauran ti Anjeuna, yen Layang Kasepuhan teh
tingkesan tina Layang Muslimin-Muslimat nu
diadumaniskeun sinareng dawuhan Susuhunan Gunung Jati
nu dipeureut dugi ka 39 kaca. Pun mamang teh apal
kasundaanna ti kaislaman, apal kaislamanna ti
kasundaan????....
---
Kukituna sateuacan sakumna eusi ieu Layang Kasepuhan
diguarkeun ka ieu babakan, jisim ieu nyuhunkeun
kajembaran manah sakumna kadang wargi babakan dina
nitenan sapayuneunmah dupi sae henteuna upami ieu
Layang Kasepuhan teh diguar di ieu babakan....mangga
kapihatur 3 kaca saukur bubuka kanggo pieunteungun
dupi diteraskeuneun atanapi henteu na!

Salam,

-pun adi-
**********************



__________________________________
Do you Yahoo!?
Yahoo! Small Business - Try our new resources site!
http://smallbusiness.yahoo.com/resources/


Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - Easier than ever with enhanced search. Learn more.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke