artikel eta nunjukeun deetna pangaweruh atawa kanyaho nu nulisna. 
utamana sikep teu adil dina mere babanding. tarian jaipongan mah tari 
pop, beda jeung cocog dibandingkeun jeung tari jawa nu cenah luhung 
(misalna tari bedoyo). sarua jeung lagu dangdut dibandingkeun jeung 
tilawatil qur'an. 

soal dandan istri:
nu nulis oge teu wawuh ka istri dina harti dasar atawa watek umum. 
oge pastina teu kungsi ngambeu antropologim sosiologi atawa 
psikologi,komo gaploklogi. soal istri resep dangdan, lain ukur ciri 
istri sunda, tapi kum istri saalam dunya. sarupaning naluri gender 
pikeun nembongkeun kageulisanana nu teu ukur nerap ka jelema. da sato 
ote boga naluri kitu sanajan teu sakuat atawa sagede naluri jelema.

meureun dina loba saeutikna cara atawa kabiasaan, istri US leuwih 
rajin sabab nyaho carana. saol dangdan ieu kumaha budaya tiap seler. 
di suku dayak mah apan ceuli make anting nu galede, jadi rawing. di 
thailand, beuheung istri make kalung, jadi beuheungna panjang. nu 
kitu nu geulis.

kasus dina artikel eta, nu ngan hiji Istri Sunda jeung hiji Istri 
jawa, teu bisa dijadikan babanding, komo make kadar ilmiah. da asana 
dina elmu statistik teuing metoda naon, minimal teh 40-an responden.

dunya geus mere kaendahan husus ka istri saalam dunya, make papaes 
budaya masing-masing. euweuh nu leuwih alus atawa goreng. papada 
hasil kabisa manusa jeung dumasar kana estetika masing-masing soal 
keendahan mah. siga istri urang thailand atawa dayak tea. tapi di 
dunya sato mah, nu geulis teh jaluna. tingali we singa, nu gondrong, 
jalu. merak, nu buluna marakbak, jalu.


ulah milu belegug ah...

nebeng di fakultas





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Take a look at donorschoose.org, an excellent charitable web site for
anyone who cares about public education!
http://us.click.yahoo.com/O.5XsA/8WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke