|
Nia.. kamari abi teh badi ngawaleran isi imel iyeu
tapi era ku diri nyalira.. teu janten ah..
malah mah di bumi dipikiraaan we..
muhun nya abi ngantor.. pasti butuh badega
da teu aya nu ngantosan murangkalih di
bumi
pun biang tebih, mitoha tebih.. sahaaa deui
atuh.
untung na mah murangkalih teh sanajan di asuh ku
badega siang na
upami abdi mulih ti kantor anger wae sadaya na
"cama ibuuuuu"
moal payu deui eta badega
Damel kanggo abdi pribados mah seueur manfaatna,
salah sahiji ni tiasa mantuan caroge pikeun balanjaeun bulanan, tiasa ngiriman
ka lembur kanggo sepuh sareng mitoha jrrd
hatur lumayan oge upami tiasa meser ni pikaresep
nyalira, teu ngaabotan caroge.
kaleresan, caroge abdi mah malah resep keneh abdi
damel, da upami abdi di bumi ( basa cuti melahirkan tea ) pasti nalipungan
caroge wae.. sa dinten bisa 3 x
Damel oge janten hoby, da hoby ngobrol di imel di
YM, di ICQ, gratis deui hehe..
sakantenan oge
mangfaatkeun elmu kanggo di peryogi ..
Tapi neng pupy leres, pasti we aya benten na..
pangalaman oge kapungkur basa SMA, 3 tahun abdi teu
sepenuh na di bumi, tapi di bumi na pun emang..si bibi teh ibu rumah tanggi
asli, upami abdi pulang ti sakola teh pasti di taroskeun kumaha di sakola ??
tuang siang di meja makan sasarengan di baturan,, bari ngobrol..
sore na ngobrol deui...
karasa2 teh pas tos damel.. asa kumaha nya ka
indung sorangan mah nu damel unggal enjing dugi ka sonten malah mah wengi.. jadi
teu sempet ngobrol..asa jauuh.. asa teu biasa ngobrol lami, paling oge basa
basi..
tah pangalaman nu kitu ku abdi dijadikeun patoka,
ke abdi mah moal kitu ka anak teh..
bilih di ajuhkeun...sedih pan diajuhkeun ku anak..
tos ah.. janten emut ka pun biang..
hampura Ibu
=Icho=
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
|
- Re: [Urang Sunda] Re: Wanoja Sunda Kamara... Icho
- Re: [Urang Sunda] Re: Wanoja Sunda K... Nia Kurniaty
- Re: [Urang Sunda] Re: Wanoja Sunda K... Zamhur \"PAKUSARAKAN\"
- [Urang Sunda] Re: Wanoja Sunda K... Mpup
- Re: [Urang Sunda] Re: Wanoja... Zamhur \"PAKUSARAKAN\"
- [Urang Sunda] Re: Wanoja... Mpup
- Re: [Urang Sunda] R... Zamhur \"PAKUSARAKAN\"
- RE: [Urang Sunda] Re: Wanoja Sunda K... R. Duli Dimyati D.

