Iseng-iseng nembe ngadamel kueh, kumargi dina lomari aya keneh tarigu, gula bubuk, jeung coklat bodas, dimangpaatkeun janten kueh..
Kueh Coklat Bodas 160gr tarigu, diayak 250gr coklat bodas blok, dileehkeun teras tiiskeun 4 endog 130gr gula bodas lemes 200gr mantega, dileehkeun, tiiskeun 3 sdm susu bubuk Loyang dimantegaan, teras ditariguan Ngadamelna: Endog+gula dikocok ku mixer dugi ka bodas budahan, pareuman mixer. Lebetkeun tarigu+susu bubuk sakedik-sakedik kana adonan, galokeun dugi ka ngagalo. Tambihan coklat bodas leeh, galokeun deui. Lebetkeun mantega nu tos leeh, galokeun deui dugi ka rata. Lebetkeun kana loyang dugi ka rata. Lebetkeun kana oven nu tos panas, seuneu alit. Antos kuehna dugi ka asak, katingal asak ditojos weh ku nyere/sumpit, pami teu aya adonan nu napel dina nyere/sumpit berarti tos asak... ~ipup~ ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Take a look at donorschoose.org, an excellent charitable web site for anyone who cares about public education! http://us.click.yahoo.com/O.5XsA/8WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

