wargi sadaya, kaleresan abdi se eur oge rerencangan urang minang teh, 
salain eta kantos oge ameung ka ranah minang, kalereusan nuju aya 
proyek di ditu.

ari ceuk abdi mah ,  urang sunda jeung minang asa cocok lah , di 
bandung oge abdi se eur ningal rerencangan urang padang nu sakola di 
dieu, kapelet ku mojang priangan, alhamdulillah kulawarga na , akur 
serta harmonis.

( walau kantos oge , aya kadongengkeun , kolot2 sunda di die, nyaram 
budak na didekeutan ku pemuda minang, ceunah mah, bisi dikawinkeun 
deui di ditu jeung pilihan kulawarga na , tapi eta mah jaman baheula 

aya oge pendapat, ari jeung lalaki minang mah , mangga teu nanaon, 
tapi upami jeung gadis minang , rada diomatan , kumargi aya kasieun 
eta istri teh, rada dominan di keluarga , ku sabab adat matrilineal )

kasus lain, nyaeta dina masalah perkawinan, kumargi, adat minang mah, 
anu ngalamar teh , kulawarga istri dongkap ka kulawarga pamegeutna , 
tibalik tibatan adat sunda mah , tapi geuning sababaraha kasus, kersa 
oge tah pihak kulawarga istri nu sunda, dongkap ka kulawarga pamegeut 
nu urang minang )

di perkawis makanan cocok oge tah, masakan padang ( nu nikmat tapi se 
eur kolesterol/lemak ) di kombinasikeun jeung asakan sunda nu sehat ( 
seeur sayuran segar ) , jadi masakan nikmat anu sehat .

di sababaraha restoran abdi ningal aya oge tah menu campuran kitu. 

perkawis musik, melodi cianjuran , alunan nada na , mirip pisan 
sareung saluang di seni minang , sami2 nganggo suling/saluang

perkawis ka ayaan alam, alam dataran tinggi priangan nu sejuk udara 
na, hampir sami pisan sareung ranah minang nu aya di dataran tinggi 
oge  ( cobian geura ameung ka ranah minang , ameung ka dataran tinggi 
kabupaten agam, rarasaan teh asa di garut wae , bukittinggi teh tiris 
na hampir sami sareung cipanas  cianjur atau lembang )

mun maenbal oge, upami semen padang di adu jeung persib di stadion 
siliwangi, teu kantos tah , aya restoran padang anu dibaledokan ku 
bobotoh persib ( da mun di baledokan, ngkeu rek dahar kamana deui 
atuh ? )

di bandung memang sababara mesjid nu ageung teh, dirameukan ku urang 
minang , mulai ti istiqomah nu sarepuh , mujahidin lodaya tempatna 
muhamadyah sampe ka mahasiswa minang di mesjid salman ITB.

sababaraha tokoh ulama di bandung oge, masih keturunan urang minang 
spt alm Rusyad Nurdin ( Istiqomah ), Irfan Anshori , aminudin soleh, 
muslim nurdin jrrd.

beberapa tokoh bandung , katurunan minang sunda sapertos ; alm Endang 
saefudin Anshori ( cucu Isa Ansyori , tokoh masyumi ), alm Harry 
Roesli ( cucu Marah Roesli pengarang roman siti nurbaya ). 

Pergerakan Islam Persis di jl pajagalan bandung, kapungkur na, sempat 
digerakkeun oge ku alm Muhammad Natsir
kitu oge sababara organisasi islam jeung kegiatan sosial lain na.

Tapi oge, salian ti dongeng nu alus eta, aya oge cariosan nu awon na 
( tukang tipu, gede omong , arogan,kawin deui jrrd ) , tapi 
pangalaman abdi mah , masih se eur oge lah kasaean nana keur urang 
sunda mah.

sakitu heula pendapat sim kuring

salam baktos

Alma Wardi









------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give the gift of life to a sick child. 
Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/lGEjbB/6WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke