oman abdurrahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kang Mawardi,
Rumasa kurang engeuh kana tangkal mindi (duka upama beda ngaran jeung di wewengkon ciamis), ngan sakaterang, aya oge sarupa tatangkalan (tanaman keras) anu daunna di lembur mah, baheula, sok dipake nyinglar ringeut. Ngaranna teh tangkal Kiteja.
Inget keneh harita keur leutik di lembur, luhureun sungapan cai, cinyusu, sumber cai paragi aroteun, papasakan, oge nyeseuhan urang lembur, aya tangkal Kiteja gede. Enya tangkal Kiteja teh daunna sok diparake ngusir reungit. Carana teh daunna dibeuleum pasosore tepi ka rada peuting, atawa sapeuting jeput, dihurun atawa dipiruha.
Sabenerna, seueur rupa-rupa tatangkalan/tutuwuhan anu mibanda manfaat gede keur manusa, di TS ieu anu ayeuna geus musnah atawa aranglangka kapanggih deui. Baheula mah patani urang, lamun ngondang hiji manuk anu eta "tugas" manuk teh keur ngusir/ ngahakan hama pare, sok miruha sarupa tutuwuhan. Aya anu emut, tutuwuhan naon namina?
Cag heula.
Baktosna,
manAR
ma_wardi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
kamari abdi ningal pameran kembang di MTC jl by pass bdg , ningal aya
nu icalan tangkal namina Granium ceunah mah, bisa kanggo ngusir
reungit ?
di jakarta abdi kantos ngadangu oge, tangkal namina zodia , upami di
luar negeri dikenal oge ; Neem tree nu asal na ti India.
di India mah , tos katelah ti kapungkur eta tatangkalan teh sok
ditanam di payuneun tempat ibadahna kanggo ngusir reungit jeung
serangga lain na
ti saurang ahli, aya nu nyebatkeun yen di sunda mah , aya oge tangkal
nu tiasa ngusir reungit, namina tangkal mindi
( emut weh istilah cimindi cakeut bandung , pasti baheula di dinya se
eur tangkal mindi )
mung abdi teu terang jiga kumaha tah tangkal mindi teh ?
dimana ayana ?
tiasa digaleuh di mana nya ?
jiga kumaha sih tangkal na, mun tiasa mah abdi tiasa dikiriman gambar
na
diantos atuh , bilih aya wargi anu teurang
salam
Alma
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups SponsorADVERTISEMENT
---------------------------------
Yahoo! Groups Links
To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
---------------------------------
Do you Yahoo!?
Make Yahoo! your home page
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya.
Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - 250MB free storage. Do more. Manage less.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

