iyeu mah pangalaman,rerencangan sim kuring nikahna sareng istri padang..pas nikah teh..ningal na ondangannana di namina namabah aya gelar datuk..panjang da.teu apal sim kuring oge...nikahna oge ngangge adat padang cigana mah..da angoannana khas padang..ngan resep datang ka resepsina teh..sagala aya...rendang, baso tahu, baso bulet, martabak, dll..matak seubeuh pokokna mah...nepi ka khilaf mere angpaw...heheheh...beuteung seubeuh duit weuteuh tea....
teu khilap ka PERSIB...dinten kamari ping 14 maret 2005..persib teh milangkala nu ka 72..sugan we tahun ayeuna mah janten jawara...
wargi sadaya, kaleresan abdi se eur oge rerencangan urang minang teh,
salain eta kantos oge ameung ka ranah minang, kalereusan nuju aya
proyek di ditu.
ari ceuk abdi mah , urang sunda jeung minang asa cocok lah , di
bandung oge abdi se eur ningal rerencangan urang padang nu sakola di
dieu, kapelet ku mojang priangan, alhamdulillah kulawarga na , akur
serta harmonis.
( walau kantos oge , aya kadongengkeun , kolot2 sunda di die, nyaram
budak na didekeutan ku pemuda minang, ceunah mah, bisi dikawinkeun
deui di ditu jeung pilihan kulawarga na , tapi eta mah jaman baheula
aya oge pendapat, ari jeung lalaki minang mah , mangga teu nanaon,
tapi upami jeung gadis minang , rada diomatan , kumargi aya kasieun
eta istri teh, rada dominan di keluarga , ku sabab adat matrilineal )
kasus lain, nyaeta dina masalah perkawinan, kumargi, adat minang mah,
anu ngalamar teh , kulawarga istri dongkap ka kulawarga pamegeutna ,
tibalik tibatan adat sunda mah , tapi geuning sababaraha kasus, kersa
oge tah pihak kulawarga istri nu sunda, dongkap ka kulawarga pamegeut
nu urang minang )
di perkawis makanan cocok oge tah, masakan padang ( nu nikmat tapi se
eur kolesterol/lemak ) di kombinasikeun jeung asakan sunda nu sehat (
seeur sayuran segar ) , jadi masakan nikmat anu sehat .
di sababaraha restoran abdi ningal aya oge tah menu campuran kitu.
perkawis musik, melodi cianjuran , alunan nada na , mirip pisan
sareung saluang di seni minang , sami2 nganggo suling/saluang
perkawis ka ayaan alam, alam dataran tinggi priangan nu sejuk udara
na, hampir sami pisan sareung ranah minang nu aya di dataran tinggi
oge ( cobian geura ameung ka ranah minang , ameung ka dataran tinggi
kabupaten agam, rarasaan teh asa di garut wae , bukittinggi teh tiris
na hampir sami sareung cipanas cianjur atau lembang )
mun maenbal oge, upami semen padang di adu jeung persib di stadion
siliwangi, teu kantos tah , aya restoran padang anu dibaledokan ku
bobotoh persib ( da mun di baledokan, ngkeu rek dahar kamana deui
atuh ? )
di bandung memang sababara mesjid nu ageung teh, dirameukan ku urang
minang , mulai ti istiqomah nu sarepuh , mujahidin lodaya tempatna
muhamadyah sampe ka mahasiswa minang di mesjid salman ITB.
sababaraha tokoh ulama di bandung oge, masih keturunan urang minang
spt alm Rusyad Nurdin ( Istiqomah ), Irfan Anshori , aminudin soleh,
muslim nurdin jrrd.
beberapa tokoh bandung , katurunan minang sunda sapertos ; alm Endang
saefudin Anshori ( cucu Isa Ansyori , tokoh masyumi ), alm Harry
Roesli ( cucu Marah Roesli pengarang roman siti nurbaya ).
Pergerakan Islam Persis di jl pajagalan bandung, kapungkur na, sempat
digerakkeun oge ku alm Muhammad Natsir
kitu oge sababara organisasi islam jeung kegiatan sosial lain na.
Tapi oge, salian ti dongeng nu alus eta, aya oge cariosan nu awon na
( tukang tipu, gede omong , arogan,kawin deui jrrd ) , tapi
pangalaman abdi mah , masih se eur oge lah kasaean nana keur urang
sunda mah.
sakitu heula pendapat sim kuring
salam baktos

wassalam
agus rahmat
Bobotoh On the Net
milis : [EMAIL PROTECTED]
website : http://www.persib-bandung.or.id
Do you Yahoo!?
Yahoo! Small Business - Try our new resources site!
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.