Aeh Abah mah....naha enya kitu? hehehe....meureun eta oge karakter sejen UM, heunteu arek nyorang resiko gede, US oge? Sanajan bener oge sakumaha ceuk Kang Kumi. Jadi anu waranian mah seler Jawa nya? nyanggakeun.
 
Ngomongkeun kaunggulan UM, iras inget kana pangalaman Kang Jalal. Harita, waktu Kang Jalal keur meujeuhna kondang, boh salaku ahli komunikasi atawa da'i, kungsi anjeunna diulem ku masyarakat Minang di Bandung anu keur ngayakeun panglawungan. Kang Jalal teh dina panglawungan masyarakat UM eta disuhunkeun medar kaunggulan UM (engke kabuktian, ieu pamenta ka Kang Jalal teh hiji "kasalahan").
 
Singket carita, der bae Kang Jalal teh ceramah, ngaguar kaleuwihan-kaleuwihan masyarakat Minang atawa UM tea, imeut pisan. Teuing meunang maca atawa tina pangalaman anjeunna, da badis teu aya anu kaliwat, boh inohongna atawa kaunggulan karakter UM sadayana diguar kalawan komunikasi anu kacida narikna, matak ambon babarengan (aya kitu ? anu aya mah ambon sorangan ...:) anu miresepkeun harita, gempungan UM tea. Na eta mah lebah pamungkas carita, Kang Jalal kl nyarios kieu: "Ku hebat-hebatna urang minang, tepi ka lamun kuring kongang dibere kasempetan pikeun hirup sakali deui di dunya ieu, kuring menta dilahirkeun salaku urang.........sundaaaa!!!.
 
Dasar eta mah jurus ahli komunikasi. Munasabah kitu na mah, anu salah mah nya UM nu di Bandung, kunaon menta pangadadarkeun kaunggulan urang awak ka urang Sunda, hehehe. Tungtungna kaluar jurus jawara: "Ceuk aing soto, soto!".
 
Baktosna,
manAR
 

waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Urang Jawa atawa urang Minang enya aralus, tapi anu gede jasana ka
Indonesia mah urang Sunda. Teu percanten? Bung Karno mimiti bajuang
di Bandung, nu ngagedean hate bung Karno supaya terus bajuang teh
wanoja Sunda (bu inggit), para pengikut bung karno jaman harita
lolobana urang Sunda. Geus merdeka, Bung Karno pasea jeung
Kartosuwiryo oge di Tatar SUnda, nu ripuh urang SUnda, nepi ka aya
anekdot : Nu perangna Pak Karno jeung Pak Karto, nu sangsarana Mang
Karna jeung mang Karta ....hehehehe. (tina Manusia Sunda, Ayip
Rosyidi).

Geus ah .......bisi dituduh SARA!

WALUYA






PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya.




Do you Yahoo!?
Yahoo! Small Business - Try our new resources site!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke