Kangge kang didat di okpo, punten karikatur perang
lawan malaysia tea na teu acan kadamel, nuju rada
seu'eur orderan di kantor teh manawi enjing di
pidamel!!

--- Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> 
> "Excellent" Kang, pedaran teh. Moal kapapanjangan
> mairan, da tos 
> sakitu munelna, sanajan ringkes. Sapuk, nya kitu,
> jurus 
> babasan "herang caina beunang laukna" teh upama
> direvitalisasi 
> pikeun kaperluan pajamanan mah, nya teu aya sanes,
> diplomasi anu sae 
> tea. Siga anu kurang komunikasi intra indomalay teh
> nya? Mangga, 
> ayeuna anu abdi ngantosan, pedaran akang saterasna,
> enggoning kumaha 
> kira-kirana ringkelan diplomasi anu diperlukeun
> pikeun ngarengsekeun 
> pasoalan ambalat teh?
> 
> Baktos,
> manAR 
> 
> --- In [email protected], "Yudi Irmawan"
> <[EMAIL PROTECTED]> 
> wrote:
> > 
> > Perkawis Ambalat pangemut abdi mah kedah atos2
> nyikepana, ulah 
> > sakaba-kaba. Aya sababaraha analisis ti milis
> tatanggi nu tiasa 
> > dijantenkeun pertimbangan. 
> > 
> > Kahiji, isu Ambalat dijantenkeun isu gede ku
> Pamarentah Indonesia 
> > jeung sabagean urang Indo, da di Malaysia mah
> hare2 wae (contona 
> > seratan Kang Tatan atanapi seratan Adrian Husaini
> di Republika). 
> Aya 
> > ku pas waktuna jeung naekna BBM, beu meni kasirep
> eta isu BBM. 
> > Dihaja? duka ah moal wawantunan nyimpulkeun.
> > 
> > Kadua, aya kapentingan lian nu merlukeun Indo
> jeung Malaya ribut. 
> > Diantarana: kapentingan pausahaan2 minyak gede
> Inggris (Shell) 
> jeung 
> > USA (UNOCAL kitu?) keur ngarebutkeun Ambalat.
> Kaduana, kaperluan 
> > pausahaan2 nu nyieun sanjata perang (Malay meuli
> ka Inggris, Indo 
> ka 
> > USA). Mun aya nagara nu perang tangtu sanjata
> jeung peluru laku. 
> > 
> > Katiluna, kapentingan politis ideologis. Ah asa ku
> kabeneran mun 
> > Indo jeung Malay ribut, bangsa2na moal maju angger
> we jadi "nagara 
> > Berkembang" nu ngan ukur miharep bantuan (baca
> "hutang") 
> ti "nagara 
> > Maju" (liwat rentenir IMF) ukur pikeun hirup
> sapopoe padahal 
> alamna 
> > sakitu jembarna. Kaduana, teu kudu hariwang
> Malindo jadi sadulur 
> > jeung jadi kakuatan ideologis (dina hal ieu agama
> Islam) da 
> > rahayatna oge teu alakur. Katiluna, sukur mun bisa
> nyieun 
> pangkalan 
> > militer di Selat Malaka pikeun ngontrol Asia
> Tenggara.   
> > 
> > Tah, ku ayana pikiran kitu, asa era Urang Malaya
> nu teu kapancing 
> ku 
> > kalakuan urang (introspeksi). Beda jeung urang, nu
> gampang iigelan 
> > ku kendang batur. Lain ku ngarelakeun Ambalat
> direbut ku Malaya, 
> > ngan pan baheula Indo teh jago diplomasi (Agus
> Salim, Mohd Hatta 
> Dr. 
> > Sudarsono, Sutan Sjahrir jrrd), moalenya ayeuna
> geta sarupateun? 
> > Ngobrol dong! Ngobrol! heuheu
> > 
> > baktos 
> > Yudi
> > 
> > --- In [email protected], "@@ Ifan"
> <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > > heuheuy... kakaraeun pinter euy...
> > > 
> > > keur peuting ge ningali berita di Metro TV, LSM2
> di malaysia 
> > protes ka kedutaan RI, cenah demo di Indonesia
> kaleuleuwihi make 
> > jeung ngadurukan bendera sagala, jeung TNI
> kaleuleuwihi oge dina 
> > ngirimkeun tentarana ka ambalat, padahal mah naha
> lain protes ka 
> > pemerintahan malaysiana, kunaon bet ngaganggu
> kadaulatan RI,
> > > jeung anu manghanjelukanana, eta Mas Rusdiharjo
> bet menta 
> hampura 
> > sagala, lain dibalikeun... da bongan kituh
> pamarentahan maneh 
> > ngaganggu RI...
> > > 
> > > ceuk uing nu belegug mah... wajar nu daremo
> ngalakukeun siga 
> kitu, 
> > sakitu mah masih aya toleransina, masih untung
> ngadurukan bendera, 
> > teu nepikeun ka nganiaya warga malaysia nu aya di 
> > indonesia...sanajan sarua nagara serumpun atawa nu
> loba islamna 
> ge, 
> > da ari geus ngaku2 hak batur mah kudu dilawan,
> ngan mun seg jadi 
> > perang.... kumaha jeung Siti Nurhalizana nya...??
> Manglebarkeun 
> > euy... hehehe...
> > > 
> > > ceuk dina hadist oge... diantara tanda2
> kahancuran islam teh 
> > nyaeta Cinta Harta jeung Sieun Paeh, malaysia
> cinta harta... da di 
> > ambalat aya sumber minyak anu miliaran barel,
> palestina dikakaya 
> ku 
> > israel... aya teu nagara islam nu mantuan..?? da
> sarieun paeh 
> tea...
> > > 
> > > duka ketang... da eta mah ceuk uing nu bodo..
> > > 
> > > Panzi
> 
> 
> 
> 


"Nineung Ka Lembur Kuring" 
 http://nenden.multiply.com




                
__________________________________ 
Do you Yahoo!? 
Yahoo! Small Business - Try our new resources site!
http://smallbusiness.yahoo.com/resources/ 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give the gift of life to a sick child. 
Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/lGEjbB/6WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke