On Wed, 16 Mar 2005 08:47:30 -0800, durahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > baraya sadaya, > > kamari-kamari kuring ngadangu instruksi pak dada rosada (bupati bandung) > sangkan masarakat bandung sementaramah ngurus sampahna sorangan ku cara > ngubur sampahna di pakarangan imah. Nah...ngadangu instruksi etateh kuring > jadi inget kabiasaan kuring ari balanja. Nu sebenernamah kabiasaan teh > nurutan jalma bule. Basa keur balanja di hero antrian kacida panjangna. Di > haruepeun kuring aya ibu-ibu bule keur ngantri. Nu dianggap aneh ku kuring > eta ibu-ibu teh geuning mawa jinjingan (jamil, kantorng) sorangan. Jadi basa > transaksi di kasir balanjaanana teh diwadahan ku kantongna sorangan meunang > mawa ti imahna. "Hm...alus oge eta kabiasaan teh." Pikir kuring na jero > hate. Kabiasaan ieu bakal ngurangan produksi sampah. Hususna sampah kantong > plastik (kantong kresek). > > Tah baraya mimitian ti dinya kuring jadi boga kabiasaan kieu; > 1. Mun balanja balanjaanana teh embung di keresekan. langsung bae diasupkeun > ka ransel. > 2. Mun balanjaanana saeutik terus pas keur teu mawa ransel balanjaan > dikantongan. > 3. Mun keur balanja loba sok ngahaja mawa kantong ti imah. > 4. Kamari meuli sapatu. Etamah da dus sapatunateh (kotak) ditinggalkeun ku > kuring di toko. Cek kuring teh, "Ceu, sapatuna ulah dikardusan. Keun bae > langsung di asupkeun ku kuring ka rangsel ). > > Wasalam, > durachman
Wilujeung Enjing, sateuacanna wilujeung tepang ka Apa Durachman. Hade pisan kanu naon anu ditetelakeun teh, satuju pisan simkuring mah. mung ari jalmi zaman kiwari mah sok hoyong nu instant tur modern. padahalmah teu sakabeh hal anu modern teh hade keur kahirupan urang. mung hiji we, ke lamun sapatu na teu diwadahan teu katinggali barang anyar atuh, hehe. --Roisz Nan Gagah Mugia Urang Balarea Aya Dina Ginulur Karahayuan Ginanjar Kawilujeungan Nu Dirahmatan Ku Gusti Nu Maha Suci ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.' http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

