|
Assalamualaikum
Wr Wb. Maca ieu
serelek (serat elektronik) boh ti Teh Nia boh ti Kang Anugrah, sim kuring jadi
rada hookeun geuning aya keneh urang Sunda nu bisa ngambek, aya keneh urang
Sunda nu bisa ngaluarkeun eusi hate kalawan bebas. Nuhun ah…..sakali-kali
mah ambek teh kudu dikaluarkeun, ulah ngan sakadar dikemu nu ahirna jadi
bangbaluh. Ngan biasa
nu disebat ambek tea, sagala sok ditajong, sagala sok dirumpak, padu we kaambek
leupas, sakapeung nu ambek mah sok ilang kasabaran, tong boro kasabaran, kapan
leungeun ge sok meureup hayang totonjok. Malum ari
kituna mah. Saena silih
kintun serelek antawis Teh Nia sareng kang Anugrah teu kedah diteraskeun, komo
upami hayeuh bae dina kaayaan silih dedetkeun, kapan maksad utamina mah hoyong
ngayonan/ ngalawan ME, bilih urang katalanjuran janten silih gorengkeun antawis
urang deui ari ME-na mah malah keprok. Hatur
nuhun Wassalamualaikum
Wr Wb MSasmita Kuncen #
2. -----Original
Message----- Ooooooh...
kitu kutan teh mang... Atuh numatak
ge upami nyerat dina e-mail teh sing rada jelas... supados nu sanes oge
ngartoseun jelas... atra kadanguna... yaktos maosna... jentre maksadna... Pan dina
seratan emang kalangkung mah saolah-olah emang ngaenyakeun kana tulisan si ME,
teu jelas pendapat Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
|

