Hatur nuhun bah willy, tos ngulem ka kang Anugrah..
Kang Anugrah mangga kalebet... geura ngabakakak geura di dieu mah.. ma`lum di lembur kang..
tuh aya teh icho nuju ngadamel pencok... itu teh Nia Sri nuju ngulub jengkol...
Sok kang kalebet.. urang balakecrakan geura di dieu...
keun kang Panzi mah tebih ieuh di batam... engke bae upami tos seep nembe di sauran...heu..heu...
 
mangga permios...
Nia

Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Baraya, tah geuning Kang Anugerah ngadaftar jadi anggota KUSNET.
Cobi ki kuncen. bageakeun tah baraya urang!

Baktos,
WALUYA


-------------------------- Pesan Awal ---------------------------
Judul Surat: Re: Uleman kanggo lebet millis urangsunda
Dari:        [EMAIL PROTECTED]
Tanggal:     Rab, 16 Maret 2005, 2:29
Untuk:       "resoma%bdg.centrin.net.id;_urangsunda-subscribe"
<@yahoogroups.com>
-----------------------------------------------------------------


hatur nuhun pisan, tadi oge tos nampi email ti teh Nia, saya ge
rumaos lepat ngirm email pondok pisan sareng teu jelas, maklum
asal ngawaler wae, teu ngemut ngemut deui, mangga atuh abid
ayeuna ngiringa milist urang sunda

hapunten oge upami jadi diskusi panas pan ku abdi ge tos
ditegeskeun teu aya maksad memperuncing debta mung lepat
panawisan wae,

sakitu heula kang

Anugrah Setiawibawa
MM MD Dept 09 & 56
PT Matahari Putera Prima Tbk
Ph : 5469333, 5475333 Ext 9858
Menara Matahari Lt 11
0815-888-4808




                    "Waluya"                                    
                            
<[EMAIL PROTECTED]        To:   
[EMAIL PROTECTED]                   
in.net.id>               cc:
                                             Subject:     Uleman
kanggo lebet millis
                    03/16/05 01:44 PM        urangsunda






Sareng Hormat,

Kang Anugrah, sateuacanana sim kuring nyuhungkeun dihapunten
pedah ngajawab posting akang di millis bandungraya rada heuras.
Panginten ieu kapangaruhan ku suasana dina millis-millis
kasundaan anu sadayana oge, ngararambek kana artikel dina majalah
ME ieu. Pon kitu Teh Nia, anjeunna kacida ambekeunana kana eusi
artikel eta, nyuhungkeun dimaklum wae.

Kumargi akang ngangken ti Majalaya sareng Sumedang, sim kuring
ngulem akang lebet ka millis [EMAIL PROTECTED] Ieu
millis parantos lami, anggotana sumebar dimana-mana. Eusina naon
wae : bade ngobrol, bade heureuy atanapi bade serieus mangga
nyanggakeun. Ari moderatorna mah sanes sim kuring, aya sababaraha
urang, barudak ngora maklum ari sim kuring mah parantos kolot.

Sakitu kang, sareng sakali deui nyuhungkeun dihapunten.

BAktos,

WALUYA
Urang Sumedang









Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - You care about security. So do we.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke