lieur euy kapeto kedah ka Sumedang senen......bari jeung sanes dinten libur...dimana eta teh? tabuh sabaraha? diimpleng heula....
DS
tadi jam 9-an ngulampreng ka Cupumanik di karawitan 46, setor artikel
pikeun rubrik US (urang sunda). kang Hawe katalatahan ku kang Ajip, pikeun
edisi April hareup mah, kudu istri cenah. nya luak-lieuk, meunang hiji,
direktur umum PDAM Kab. Bandung. alumni ti teknik lingkungan institut
teknologi bajigour tea.
kang hawe kasampak keur ngaropea hiji acara. tempatna di Sumedang. 2 MEI
2005. acara nu jejerna mah kampanye make basa Sunda. kang Ajip Rosidi
baris janten panyatur (pembicara). KUSnet oge diajak. hayu sugan.
tah ka urang Sumedang, sugan tariasa ngiringan. da KUSnet dipeto pikeun
nyaritakeun soal basa Sunda di internet. si Ua Sas, bah Willy sina
nyarios. kang Dede Sahman atawa Kang Syam keom saumur-umur oge mun pareng
nya kudu miluan. tapi noong kalender masehi, tanggal 2 MEI teh poe senen.
si kuring senen teu boga jadwal ngawadul di kelas, meureun bisa kabur ka
sumedang.
mj
Pileuleuyan! alam Jatigede anu bakal tilem jeung karuhun, jeung Bapak. Hoream alam katukang.
Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

