Ieu aya paribasa walanda meunang nyutat tina VS 1919 kaca 48
1. Ajeuna geus ngamimitian deui taoen anjar, oerang koedoe meunang batoer anjar, koedoe ngalampahkeun pagawean noe aja paedahna, kitoe deui oerang koedoe djadi djelema anjar deui, ngahampoera moesoeh oerang djeung mikaasih sakabeh mahloek di alam doenja. 2. Kembang henteu njahoeun ka sakoer noe ni'mateun koe seungitna; kitoe deui manoesa henteu njaho ka sakoer noe katepaan koe kahadeanana, noe djadi tjonto ka noe sedjen. 3. Salahna anak maneh, nja kasalahan maneh sorangan. 4. Saha-saha noe teu bisa ngahoekoem awakna sorangan, bakal dihoekoem koe noe sedjen. 5. Noe naek dina taradje koedoe netje sahambal-sahambal. 6. Pagawean hade noe taja pegatna, eta noe matak djadi kahadean kana diri, ari pagawean goreng mah koe sakali oge geus matak penal. 7. Imah indoeng bapa babari ditinggalkeunana, tapi hese dipopohokeunana. 8. Omong djelema bodo "teu bisa", tapi tjek noe pinter mah "koering teu njaho". 9. Tatangga noe hade, nja eta djelema noe hade. 10. Tatangga noe hade leuwih aloes batan sobat noe djaoeh. 11. Koedoe dihormat bangsa maneh, karana eta teh lir ibarat djangdjang, parabot maneh hiber. 12. Maneh koedoe sidekah sing reja djeung koedoe toemarima koe redjeki saeutik. 13. Manoesa teh lir oepama imah noe diadegkeun koe Goesti Alloh; saha- saha noe ngaroeksakkeun eta padamelan Goesti, manehna sorangan noe bakal roeksak. 14. Taja karep djeung ngedoel, eta noe ngalantarankeun kana pibahlaeun awak. 15. Oelah bogoh doemeh denok, oelah hajang doemeh lendjang, nja daek nendjo solehna. ~ipup~ ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Give underprivileged students the materials they need to learn. Bring education to life by funding a specific classroom project. http://us.click.yahoo.com/4F6XtA/_WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

