wilujeng enjing pak RT.

maca dongeng ua rada nga he...he oge..
pak Rt meunang ti tugas 'beurat'  ti tangtara.

wa ari ceuk kuring mah anjeuna teh leres2 nyuhunkeun 
tulung ka jalmi nu kinten2
na tiasa ngabereskeun eta masalah nya eta Ua tea (sanes 
pedah Ua R.T.).

janten mangga teu langkung Ua bade ditulungan atanapi keun 
wae sina GARELUT.

wasalam
soni+++

On Wed, 16 Mar 2005 18:57:34 +0700
  "MSasmita" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Basa malem minggu kamari ka imah katatamuan ku tatangga 
>sa-RT duaan, jeung
> nu saurang mah geus kacida wawuhna da mindeng 
>ngawangkong, ngan jeung nu
> saurang deui kakara papanggih, sihoreng geuning warga di 
>RT kuring keneh,
> ngan inyana mah arang ka Bandung lantaran gawena di 
>Jakarta jadi tangtara.
> Kulantaran tatamu teh teu langsung nepikeun kana maksud 
>kadatanganana, nya
> ngawangkong teh kana masalah Sunda utamana mah kana 
>buku-buku Sunda nu
> karasa hese neanganana, kuring teu pati sapagodos 
>kusabab lamun urang
> leukeun neangan mah aya keneh buku-buku basa Sunda teh 
>boh carita, boh nu
> sejena, kaasup sabangsaning guaran nu daria boh 
>sajarahna boh buku ulikan
> basa Sunda, kitu deui majalah/ tabloid basa Sunda.
> Sanggeus rada lila ngawangkong kakara inyana nepikeun 
>maksud pangna
> nepungan.
> &#8220;Pa RT,&#8230;ieu mah sanes sim kuring 
> &#8220;cengeng&#8221;&#8230;..mung 
>sakadar ngadugikeun
> gegetun hate, upami dikemu bae mah bilih teu 
>katahan&#8230;.bilih murang maring
> teu pararuguh&#8230;&#8221; Ceuk tatamu anu anyar pinanggih.
> Kuring sabage ketua RT ngabandungan teh rada daria, 
>malum kapan inyana teh
> tangtara tea bisi enya ambek nguwak ngawik.
> Inyana neruskeun omonganana.
> &#8220;Leres bumi teh rada arang dieusianana, saprak pun adi 
>ngalih, atuh sim
> kuring sareng pun bojo ka Bandung ge paling-paling 
>saminggu sakali&#8230;.atuh di
> buruan teh jujukutan rada teu karoris kalan kalan sok 
>ngajejembrung, nu rada
> aneh palebah panto garasi jukutna teh kacida ngemplohna 
>beda sareng nu
> sejena..&#8221;
> Kuring can pati eungeuh bakal kamana loyogna ieu carita, 
>inyana haben sasadu
> majarkeun teh rada era pokna.
> Inyana neruskeun caritana.
> &#8220;Mimitina mah teu openan naha eta jukut palebah dinya 
>rada beda, ku subur
> subur teuing, atuh ari ngababad jukutna ge sahabekna we 
>da teu openan
> tea&#8230;&#8230;ari kamari pasosoten pas bade magrib pisan, sim 
>kuring sareng pun bojo
> dina mobil rada rurusuhan da sieun magrib kaporotan, ti 
>palebah pengkolan
> caket pos satpam katingal aya jalmi nuju ngabedega ari 
>ditelek-telek geuning
> nyenyepeng tali ari gigireunana aya anjing ngajogo, ku 
>sim ti kajauhan keneh
> mobil di tidid-tidid, eta jalmi teh siga anu reuwaseun 
>da buru-buru ngenyang
> tali anjing atuh anjingna siga nu merod, eta jalmi gura 
>giru mingprid
> nungtun ajing. Barang dugi ka payuneun garasi mobil teu 
>waka dilebetkeun
> kalah alak ilik heula na keur nanahaon eta jalmi 
>teh&#8230;..beu&#8230;geuning eta
> anjing teh geus ngawaduk pas pisan dina palebah jukut 
>anu ngemploh subur
> tea&#8230;!!&#8221;
> Kuring sabage ketua RT geus rada ngabade kamana loyogna 
>ieu carita, angkanan
> teh kudu ngadamaikeun ieu perkara, boa boa jelemana nu 
>nungtun anjingna
> ditampiling yeuh&#8230;tangtara tea atuh.
> &#8220;Eta jalmina nu nungtun anjing teh wanoh Pa..?&#8221; ceuk 
>kuring.
> &#8220;Numawi henteu&#8230;sareng teu kabujeng ditaros taros acan, 
>kumargi sim kuring
> teh kalah hayoh nelek-nelek ngadungkukna waduk 
>anjing&#8230;direret deui teh
> jalmina nu nungtun anjing tos teu katingal duka los 
>kamana&#8230;&#8221;
> Kuring ngareret ka tatamu nu saurang deui, nu geus apal 
>tea&#8230;&#8221;Ari didinya, di
> jalan eta saha nu gaduh anjing atuh..?&#8221;
> &#8220;Numawi asa teu aya nu ngukut anjing&#8230;!!&#8221;
> Sang tangtara nuluykeun caritana.
> &#8220;Sabada reres sholat magrib teh atuh teras we beberesih 
>di buruan, rujit
> rujit ge eta nu ngadungkuk teh diseblokan, tadina mah 
>hoyong ngabaheuhay
> ngareureuhkeun kacape,&#8230;sapanjang beberesih teh hate 
>ngageremet asa
> diteungteuingeun.
> Anu pang medenghelna eta tadi pasosonten, payuneun pisan 
>panto garasi tos
> ngadungkuk deui bae.
> Tadi siang mah sim kuring sareng pun bojo sadidinten 
>ameng ka ninina
> barudak, janten teu nangenan deui bae tah mangkelukna, 
>ieu hate asa
> diheureuykeun, ambek nyedek tanaga midek..&#8221;
> Kuring ngadenge carita siga kitu ngan ukur melengek, nya 
>kudu kumaha atuh&#8230;,
> dina jero hate mah hayang seuri aya, ngilu 
>pangkeuheulkeun aya.
> &#8220;Hatur nuhun Pa kana laporanana&#8230;&#8221; ceuk kuring teh.
> Obrolan diteruskeun kana nanggap pangalaman bapa 
>tantara, pangalaman
> pipindahan jeung tugas kamana mendi.
> Pasamoan bubar jam salapan peuting,&#8230;..ari kuring mah 
>terus ngahuleng&#8230;.kudu
> dikumahakeun ari laporan siga kieu jeung ari perkara nu 
>kieu urusan RT
> lainnya&#8230;?
> 
> MSasmita.
> Ieu carita lain ngarang, ieu mah kajadian nyata
> Sakalian nge-test bisa ngirim/nampa email teu&#8230;!!

========================================================================================
Akses Internet TELKOMNet-Instan beri Diskon s.d. 50 % khusus untuk wilayah Jawa 
Timur.
Informasi selengkapnya di www.telkomnetinstan.com atau hub 0800-1-INSTAN 
(467826)
========================================================================================
 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Help save the life of a child.  Support St. Jude Children's Research Hospital's
'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke