Taun 1891, pangagung nu kumawasa di Persia, Raja Nasarudin Syah nyumponan pameredih pamarentah kolonial Inggris pikeun ngayakeun kawijakan nu meres para patani, sarimbag jeung kawijakan "tanam paksa" di urang baheula. Anapon komoditas nu dijadikeun obyek tanam paksa teh nyaeta bako. Para patani diparentahkeun pikeun melak bako dina jumlah nu geus ditangtukeun ku pamarentah sarta kudu ngajual hasil tatanenna ka pamarentah Inggris kalawan harega anu oge geus ditangtukeun.
 
Para ulama Persia nganggap ieu kawijakan Nasarudin Syah teh minangka hiji bentuk penjajahan Inggris ka nagara katut rahayat Persia. Para ulama anu dikokojoan ku Ayatullah Mirza Hasan Syirozi, saurang ulama marja' nu pangkahotna, kapaksa ngaluarkan fatwa pikeun ngagagalkeun kawijakan pamarentah. Anapon ieu fatwa unina kacida singketna, tapi tatag:
 
"Kalayan AsmaNa nu Maha Luhung,  Ti semet ieu bako hukumna haram. Jalma nu ngaroko sarua jeung nu ngamusuhan Imam Mahdi"
 
Ti saprak kaluarna eta fatwa, rewuan ton bako nu aya di gudang-gudang diduruk ku rahayat atanapi di piceun ka walungan. Kebon baku diancurkeun. Roko teu payu. Ku ayana ieu kajadian ahirna pamarentah Inggris ahirna ngabolaykeun kawijakan tanam paksa di Persia. Ieu kajadian ngabalukarkeun runtagna kakawasaan Nasaruddin Syah jeung Dinasti Qojar dina taun 1896, opat taun sabada Ayatullah Syirozi ngaluarkeun fatwa haramna roko. 
 
 
(zam)


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke