Wa'alaikum salam wr wb.,
Leres Kang kitu. Ngiring mairan sakedik, di babaran palih handapna bae: --- In [email protected], "durahman" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > 1. maneh= digunakeun keur kata ganti jalama nu diajak nyarios (tunggal)> contoh; "Pik, poe minggu maneh aya acara hentue? Mun hentue urang ka Tasik, > yuk? ---> kecap sejen: "anjeun, "andika", "silaing" atawa "ilaing", "dia". Kecap "andika" keur ngahargaan yen anu diajak nyarita teh kalungguhanana sarua atawa diajenan. "Dia", memang siga basa Inonesia, tapi dina sababaraha dialek basa sunda di TS masih digunakeun oge = maneh; > 2. maraneh= digunakeun keur kata ganti jalama nu diajak nyarios > (jamak/plural)> contoh; "Hei barudak, maraneh teu meunang ulin di solokan, bau!" ---> tah ieu kaunggulan basa sunda, tiasa narjamahkeun "you" atawa "kum" ("maneh" dina wangun jamak), nu teu aya dina basa Indonesia (maneh jamak atawa tunggal sami bae: kamu). Anu sejenna: "arandika", "aranjeun". > 3. manehna=keur kata ganti jalama anu diomongkeun (tunggal) > contoh; "Pik, ari manehna teh urang mana? --->leres, namung dina kaayaan khusus, sakumaha kasauran Ua Siddik, kecap "manehna" sok digunakeun oge pikeun "maneh" (kata ganti orang kedua, khsusuna ku salaki-pamajikan. Contona: "Manehna, geus beurang ieu teh, lain geura kacai kalahka siduru bae!", ceuk pamajikan nyi Emeh ka salakina. Anu sanesna: "anjeuna", "Anjeun-Na" (keur ka Pangeran), "inyana". > 4. maranehna= keur kata ganti jalama anu diomongkeun (jamak/plural) > contoh; "Ulah ulin jeung barudak kelas Vf, euy. Maranehnamah narakal. --->leres, ieu oge kaunggulan basa sunda, tiasa narjamahkeun kata ganti jamak orang ketiga (yang sedang dibicarakan, yang ghaib dina basa arab mah, alias teu hadir anu keur diobrolkeunana). Nu sanesna: "aranjeuna, "arinyana". Kitu manawi. Baktos, manAR > wasalam, > durachman ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Give the gift of life to a sick child. Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.' http://us.click.yahoo.com/lGEjbB/6WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

